LBNews.com. BANJARAN, – Manggala Garuda Putih Kiangeoke geus ngayakeun acara santunan ka barudak yatim jeung kaum dhuafa. Salian ti babagia santunan, disadiakeun babagi takjil, Salasa 25/3/2025 nak.
Ieu acara teh digelar di buruan Madrasah Ibtidaiyah (MI) I’antusibyan. Maksudna mah pikeun ngahampangkeun kasulitan anu keur kaalaman ku sabagean masarakat leutik. Ku ayana kagiatan ieu teh tangtuna we gede mangpatna, sabab bisa ngurangan karerepet masarakat. Utamana anu memang keur ngabutuhkeun.
Hadir dina ieu acara, nyaeta Pembina Manggala Garuda Putih Kiangeoke Asep Setia Permana, Ketua Manggala Garuda Putih Kiangeoke, Jaja Sujai, SH, katut para anggota Manggala Garuda Putih
Salian ti ngayakeun acara babagi santunan, oge diayakeun kagaiatan kultum anu dibawakeun ku Ustad Tatang Bubori, sarta pamungkas ku acara ngado’a anu dibawakeun ku Ustad Aris.
Ketua Manggala Garuda Putih Kiangeoke Jaja Sujai, SH., netelakeun, ku digelarna ieu acara teh seutik gedena bisa ngaronjatkeun kasadaran pikeun silitalingakeun antar papada, utama keur kaom lemah.
“Sim kuring miharep ieu kagatan teh tiasa ngajantenkeun sarana kanggo nguatkeun rasa mikahaat ka sasama sareng tiasa nulungan masarakat anu memang butuh ku pitulung,” ceuk Jaja Sujai bandeskeun.
Jaja Sujai oge nepikeun rasa syukur jeung nganuhunkeun nu taya hinggana ku ngawujudna ieu kagiatan kalayan lungsur-langsar.
Inyana miharep ieu acara dirarancang bisa mayeng saban taun. Dijelaskeun, ieu acara teh ngarupakeun bagian tina program Gema Ramadhan anu digelar Manggala Gauda Putrih Kiangroke pikeun mantuan masarakat leutik anu ngabutuhkeuyn bantuan salila bulan Ramadhan.***
Dadan Sungkawa/Azis