Senin, 28 Apr 2025
Masieup

Sawala Forum Bale Budaya Jabar: Revitalisasi Pemetaan Kabudayaan Sacara Komprehensif

Sawala Forum Bale Budaya Jabar nu lumangsung, di Jl. Surapati 15, Poe Saptu (19/4/2025).***

LBNews.com. KOTA BANDUNG,- Prinsip dasar tri tangtu di buwana mibanda aweuhan niley-niley anu lega ambahanana tur bisa dilarapkeun dina rupa-rupa widang system kahirupan universal, boh widang politik, ekonomi, Pendidikan, seni, hukum, palasipah jeung widang nu sejenna.

Ieu hal teh kaungkab tina sawatara kamandang jeung sawangan para praktisi kabudayaan jeung lintas widang anu dikokojoan diantarana Kang Nata, Mang Iman Ulle, Ayi Sukmasarakan, Ari Dukun, Matdon, Dr. Hilman, Ceu Azizah Talita Dewi, Peri Kopindo, Trisna Pandji Wai, kang Aan Sulhan Safi’i Tatali News.com .oge Kang Ham dina celah-celah acara Sawala Forum Bale Budaya Jabar nu lumangsung, di Jl. Surapati 15, Poe Saptu (19/4/2025).

Tina sawatara udagan anu nyamuni dina kakuatan prinsip dasar gunatiga tadi, Forum Bale Budaya Jabar ahirna ngebrehkeun susunan lampah anu sakirana bisa dijadikeun tatapakam pikeun ngajawab sakur pasualan anu keur karandapan dina mangsa kaayeunakeun, bari jeung henteu kudu mareuman galagat kasajagatan anu memang henteu bisa dipungpang tina sisi kreativitas minangka hak ruang ekspresi anu bebas tur merdika.

Susunan lampah anu keur disanghareupan teh ngawangku 3 rumusan sisi utama, 1. tata wayah (ngayakeun jeung ngalaksanakeun program), 2. Tata wilayah (territorial atawa landscap), jeung 3. Tata Lampah (pranata social) anu diwujudkeun mangrupa Bale Pendidikan (Institut Budi Pekerti, akademi Sunda), Bale Pustaka (Pabukon Sunda), Bale Intelektual, Bale Warta (informasi ), Bale Sawala ( Forum Diskusi), Bale Lingkungan Hidup (Diklat Mitigasi Kebencanaan), Bale Seni (Seni Tradisional, Seni Pop, Seni Kontemporer, Bale Kreatif Edukasi Wisata (berbasis budaya lokal).

Tumali jeung ieu hal, penting pisan tarekah ngayakeun revitalisasi pemetaan kabudayaan secara komprihensif sarta ngahirupkeun deui kantong-kantong budaya daerah di 27 kabupaten kota Jawabarat jadi titik sentral kreativitas, pendidikan, ekonomi kalayan basis potensi produk atau hasil tatanen dina nguatkeun potensi desa. Kalayan harepan, desa nu sehat tur kuat baris ngajadikeun nagara nu kuat jeung hebat.

Dina palebah dieu, Forum Bale Budaya Jabar ngarasa perelu ngawanohkeun jeung ngayakeun edukasi pamahaman jeung kasadaran kabudayaan pikeun kalangan kaom nonoman generasi milenial atawa Gen Z sacara komprehensif.

Disebutkeun, nu jadi harepanana sangkan generasi ngoran tetep mikukuh jeung mituhu neruskeun tongkat estapet pangwangunan karakter kabangsan anu disokong ku akar budaya nu kuat.***

 

Tags:Forum Bale Budaya Jabar


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *