… ini sasakala prebu ratu purane pun, diwastu diya wingaran prebu guru dewataprana, diwastu diya dingaran sri baduga maharaja ratu aji di pakwan pajajaran, sri sang ratu dewata pun…. (Prasasti Batutulis Bogor)
Kolom Dadan Sungkawa
UPAMI nilik kana catetan-catetan sajarah kapungkur, kadudukan kaum wanoja téh éstuning teu tiasa dimomorékeun. Di tatar Sunda mah, kaum wanoja téh sami sareng perlambang indung. Simbolisasi indung malah tiasa disebatkeun mibanda ajén anu sakitu luhurna tur kalintang saklarna, minangka sumbu-na kahirupan (Dahyang Sumbi). Dina carita-carita mithologi Sunda, kaum wanoja digambarkeun tangtungan Sunan Ambu atanapi para pohaci (pwah aci).
Sunan Ambu tiasa disebatkeun gambaran hiji indung anu sampurna sacara lahir sareng bathin kalayan gembleng, jadi tempat panyalindungan sareng panyaluuhan kanggo sakumna, anu salawasna ngajarkeun karahayuan sareng kasalametan hirup. Apan aya paripaos, indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat. Ari para pohaci, gambaran rupa-rupa karakteristik kaum wanoja, anu sadayana gé engkéna mah ngindung ka Sunan Ambu.
Sanés mung ukur dina kahirupan sadidinten, hirup-kumbuhna manusa, dina kahirupan sistem katatanagaraan waé, simbul kaum wanoja ogé dianggo dina sistem pamaréntahan tradisional anu ngagem kana paham trias politika ‘tri tangtu’, rama-resi-ratu (yudikatif, législatif, éksékutif). Istilah ratu di dieu ngagaduhan makna ‘pamingpin hiji kakawasaan wilayah’, matak istilah karajaan dina mangsa kapungkur mah osok ogé deuih disebat karatuan, minangka puseurna kapamingpinan sang ratu.
Lebah dieu ku urang iasa dicindekkeun, yén saleresna dina diri kaom wanoja téh aya karakteristik kapamingpinan anu leuwih hébat, upami éta kaom wanoja téh parantos ngapibanda karakteristik sapertos Sunan Ambu, henteu ngan semet karék janten pohaci. Margi apanan ari para pohaci mah, masih kénéh ngagaduhan karakter anu teu acan stabil, masih kénéh kapangaruhan ku rupa-rupa kaéndahan dunya. Henteu cara Sunan Ambu, anu kadudukan sareng pasipatanana parantos jinek, jejeg panjeg dina sipat kalinuhungan sareng leubeut ku ajén-inajén. Matak Sunan Ambu mah kadudukanana aya di tingkat luhur, nétral tina kapentingan kaduniawian. Hirupna aya dina dunia awang-awang, jagat uwung-uwung. Ratu anu sajati téa.
Tah, saleresna, istilah ratu téh nyoko tina kadudukan sareng pasipatan Sunan Ambu. Upami téa mah aya raja atanapi pamingpin anu méh deuk ngaharib-harib pasipatan Sunan Ambu, nya tuluy baé dijujuluk ratu atanapi sri sang ratu. Demi puseur pamaréntahanana teras baé disebat karatuan (karaton). Karajaan atanapi pamarentahan anu dijalankeun sakumaha nurutkeun sipat-sipat karatuan Sunan Ambu, di dinya bakal janten karajaan anu tentrem-tingtrim, sepi maling towong rampog, aya dina karahayuan tur berkah salamet. Hanjakal, sipat-sipat karatuan sakumaha anu digambarkeun dina mithologi Sunan Ambu karék semet ayana ukur di nagara awang-awang, uwung-uwung.***