Rabu, 2 Apr 2025
Sambunglayang

Bupati Bandung Ngawilujengkeun Lebaran Idulfitri 1446 H: Ngajaga Simbol Kasucian jeung Kasholehan Sosial

Biantara Bupati Bandung Dadang Supriatna dina mapag Hari Raya Iedulfitri 1446 H/2025 M di Masjid Al Fathu Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senin (31/3/2025).***

LBNews.com. SOREANG, – Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar, La Ilaha illallahu Wallahu Akbar, Walilahilhamd.

Aweuhan sora takbir minuhan samadhabpapat sabada umat Islam ngajalankeun ibadah shaum salila sabulan campleng di bulan suci Ramadhan parat nepi ka gubragna iedulfitri, nyaeta poe anu kacida dianti-antina, minangka symbol ‘kemenangan’ jeung datangna poe kasucian, poe anu pinuh ku barokah jeung kabungah.

“Dinten ieu, urang sadaya aya dina kaayaan pinuh ku kagumbiraan mapag kaagungan iedulfitri 1 Syawal 1446 Hijriyah,” ceuk Bupati Bandung Dadang Supriatna dina biantarana mapag Hari Raya Iedulfitri 1446 H/2025 M di Masjid Al Fathu Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senin (31/3/2025).

Saterusna Bupati nyebutkeun, Idulfitri ngarupakeun puncak tina dilaksanakeunana ibadah puasa di bulan Ramadhan, nu jadi simbul kasucian jeung kemenangan pikeun umat Islam.

“Namung, Ramadan anu parantos kalangkungan, aya saena henteu mung sakadar janten moment saharitaeun. Saterasna urang jagi sareng amalkeun dina kahirupan sadidinten,” ceukj Bupati.

Ku ngajaga kualitas ibadah, ceuk Dadang Supriatna, boh ibadah mahdhah atawa ibadah social, dipiharep niley-niley katakwaan jeung ngajaga sikep sauyunan silitalingakeun bisa tetep kapiara dibulan-bulan saterusna.***

Tags:Bupati BandungDadang Supriatna


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *