LBNews.com. SOREANG, – Sajalan jeung sumanget Idulfitri nu leubeut ku makna, pasangan Bupati jeung Wakil Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Ali Syakieb geus resmi narima amanah pikeun neruskeun hanca pangwangunan di Kabupaten Bandung dina periode kadua.
Dina tanggal 20 Februari 2025, ieu pasangan Bupati/Wakil Bupati Bandung teh dilantik Presiden Prabowa Subianto di Istana Kapresidenan Jakarta. Ieu pelantikan teh nandakeun awal tina babak anyar perjalanan pangwangunan di Kabupaten Bandung Pelantikan ini menandai awal dari babak baru dalam perjalanan pembangunan Kabupaten Bandung.
Dina pinuturna anu ditepikeun salila biantara idulfitri 1446 H. di Masjid Al Fathu Soreang, Komplek Pemkab Bandung, Senen (31/3/2025), Bupati Bandung Dadang Supriatna nyabit sual komitmenna pikeun terus satekah polah ngahadirkeun parobahan nu leuwih hade keur masarakat sakumna.
Dina ngemban amanah di periode kadua ieu, Bupati Dadang nyebutkeun yen Kabupaten Bandung rek pageuh tur pengkuh ngajalankeun visi “Ngawujudkeun Kabupaten Bandung nu leuwih Bedas, maju, jeung terus-tumerus ngahontal mangsa Indonesia Kaemasan”
Disebutkeun, ieu visi teh ngagambarkeun cita-cita jeung harepan masarakat sarerea anu hamo ngawujud tanpa ayana kolaborasi konstruktif ti sakabeh elemen masarakat Kabupaten Bandung.
“Ngalangkungan sumanget Idulfitri, sumangga urang jantenkeun ieu momentum teh kanggo nguatkeun tali simpay masarakat nu ngahiji, ngaronjatkeun komitmen, sareng teras masihan kontribusi enggoning lajuning laku pangwangunan daerah,” pokna.
Ieu Bupati Bedas teh ngingetan, rehna dina tanggal 20 April 2025 nu bakal datang, Kabupaten Bandung jinek 384 taun mangadeg. Lamun dikaitkeun jeung perjalanan pangwangunan anu pinuh ku sarwa tantangan anu lain jore-jore.
“Alhamdulillahirobbila’lamin Kabupaten Bandung terus ngalaman perkembangan nu cukup signifikan,” tandesna.
Kang DS – sebutan akrab Dadang Supriatna – salila kurang leuwih 4 taun mingpin Kabupaten bandung geus hasil nembongkeun prestasi anu nyongcolang, diantarana geus kabiruyungan 432 penghargaan -tina rupa-rupa urusan pangwangunan, boh ti pamarentah pusat, pamarentah provinsi sarta penghargaan ti instansi lianna hasil tina gawe keras sakabehna, ngawengku bidang ekonomi, sosial, dan budaya, kesehatan, pendidikan, bidang inovasi daerah, pangwangunan daerah, turta bidang keuangan jeung akuntabilitas publik, jelasna.
Disebutkeun ku inyana, ayana rupa-rupa penghargaaan, memang enya lain tujuan utama program pangwangunan. Tapi, ieu apresiasi teh bisa ngajadikeun motivasi atawa anu ku kang DS disebut bisa ngadonorkeun sumanget pikeun sakabeh pihak sangkan leuwih bedas dina ningkatkeun kinerja.
Leuwih pentingna deui, ieu sakabeh penghargaan teh ngarupakeun pangakuan alatan tina prestasi kolektif Pamarentah Kabupaten (Pemkab) Bandung kalayan dukungan anu kuat ti DPRD, unsur Forkopimda turta rampak gawe dunia usaha, akademis, insan media sarta sakabeh masarakat kabupaten Bandung sakumna.
Dina ieu kasempetan, Bupati ge nganuhunkeun jeung nepikeun apresiasi anu pangjerona ka sakabeh pihak anu geus ngayakeun peran aktif dina ngagerakkeun kagiatan pamarentahan. Bupati oge miharep dukungan jeung pangdu’a sangkan Kabupaten Bandung ka hareupna terus ngukir prestasi gilang-gumilang dina pangwangunan.***