LBNews.Com. Ciparay, – MDGs atawa Millenium Development Goals (Tujuan Pembangunan Millenium) nyaeta 8 tujuan anu geus jadi kasapakatan 191 nagara anggota PBB sangkan bisa kahaontal taun 2015, Ieu kasapakatan teh ditanda tangan waktu Deklarasi Millenium PBB. Salasahiji tujuan MDGs, nyaeta AKI (angka kematian ibu) jeung ngaronjatkeun kasehatan ibu.
Salasahiji faktor nu ngajadikeun pucuk ti girang ngeunaan angka kematian ibu, nyaeta mahabuna pernikahan dini atawa nikah dibawah umur. Disebutkeun, pernikahan dini, lamun mah aya ikaten batin antara pria jeung wanita salaku salaki-pamajikan kalayan ngabentuk kulawarga nu dilakukeun pasangan awewe jeung lalaki, rumaja lalaki kurang ti 21 taun jeung rumaja awawe kurang ti 19 taun.
Pikeun nyinglar pernikahan dini, pihak kulawarga ngabogaan peran utama. Atuh pihak KUA (Kantor Urusan Agama) ge teu kurang pentingna, jadi pusat informasi dina ngawanohkeun Undang-undang pernikahan, bimbingan remaja jeung nga-edukasi ngeunaan seks, oge deuih mere panerangan atawa sosualisasi program generasi berencana, pendewasaan, perkawinan ku ngayakeun rampak gawe jeung institusi nu aya pakuat-pakutna.
Dumasar kana Survei Data Kependudukan Indonesia (SDKI) 2007, di sababartaha daerah bisa kapanggih yen sepertilu tina jumlah pernikahan kadata dilakukeun ku pasangan umur sahandapeun 16 taun.
Jumlah kasus pernikah dini di Indonesia, ngahontal 50 juta penduduk kalawan rata-rata umur perkawinan 19 taun. Di Jawa Barat, angka kajadian pernikahan dini ngahontal 39,4%, 35,5%, 30,6%, dan 36%. Malah di sajumlah padesan, pernikahan aya kalana dilakukeun sagancangna sanggeus budak awawe ngalaman haid munggaran. Hal ieu ieu halt teh ngarupakeun factor resiko nu bisa ngalantarankeun resiko sosial pernikahan dini, resiko kejiwaan pernikahan usia dini, resiko kesehatan pernikahan usia dini. Mangka wajar, lamun mah aya parobahan aturan nu awalna usia pernikahan awewe 18 taun ayeuna disaruakeun jadi 19 taun.
Ditepungan di kantorna, Kemis (13/2025), kepala Kantor KUA Ciparay, H Marwan sacara panjang lebar ngajelaskeun ngeunaan perkawinan, “Ayeuna ge sami, watesan umur minimum 19 taun, boh kanggo istri, boh kanggo paneget. “Itu disosialisasikan, kalayan masih seueur jalmi anu ngagaduhan anggapan yen kurang ti 19 taun ge teu aya masalah ,” Ucap Kepala KUA.
Dina sababaraha survey dijelaskeun, nikah dibawah umur 19 teh, alat reproduksina tacan siap, akibatna bisa nimbulkeun panyakit seksual. Malah 75% pasangan ngora muda-mudi nu umurna sahandapeun 19 taun ngandung resiko keur kasehatana. Lantaran kandunganana tacan siap pikeun narima janin kehamilan. Lian ti kitu, pikeun rumaja putri jeung rumja putra, kuirangnna kasiapan nyanghareupan masalah kulawarga nu anyar kabentuk. Jasi, pernikan di bawah umur, bisa ngadatangkeun resiko kasehatan jeung mental budak.
Lantaran kitu, H Marwan salaku kepala KUA, satekah polah ngayakeun upaya ngaminimalisir pernikahan dibawah umur 19 Taun “Anu diminimalisir teh, seueur keneh msarakat teu enya sadar. Harepan mah, sakumna masarakat sadar, kumaha rentanna nikahkeun budak di sahandapeun umur 19 taun,” pokna.
Kajaba lamun geus nincak 19 taun ka luhur, anu dianggapan dina umur sakitu teh geus maju kana dewasa, boh sacara fisik boh sacara psikologis.
Tapi, lamun tea mah darurat alatan ku kapaksa, nya wayahna masing kalah kumaha bae oge, tempuh mekanisme anu geus ditetepkeun dina undang undang, ngurus ijinna jeung lengkapan pasaratan sarta turut kana prosedur anu geus ditetepkeun,” pungkas H. Marwan. ( Gun )