Selasa, 17 Jun 2025
Sambunglayang

Momentum HKBN Taun 2025: Kang DS Umajak ka Sakumna Masarakat Fungsikeun deui Kaarifan Lokal Ngentrungkeun Tangara Kohkol

Dr. H.M. Dadang Supriatna, S.Ip. M.Si., Bupati Bandung.***

LBNews.com. KAB. BANDUNG – Bupati Bandung Dadang Supriatna nepikeun ucapan Selamat Hari Kesiapsiagaan Bencana Nasional (HKBN) tanggal 26 April, “Hari Kesiapsiagaan Bencana sanes mung saukur seremonial, nanging ngarupikeun momentum kanggo urang sadayana ngemutkeun yen musibah tiasa tumiba iraha wae sareng dimana wae,” ceuk Bupati Bandung di Soreang, Jumat (25/4/2025).

Alatan kitu, nurutkeun Dadang Supriatna, kesiapsiagaan lain hiji pilihan, tapi hal anu sakuduna dijadikeun sikep kawaspadaan. Carana, daek neuleuman jeung mikawanoh kana tanda-tanda kajadian, “Kedah paham jalur evakuasi, rajin ngayakeun simulasi sacara mayeng. Tumuwuhkeun budaya siap sayaga, anu dikawitan ti jero bumi, sakola, tampat damel sareng ruang publik anu langkung legana,” ceuk Kang DS, sebutan akrab Bupati Bandung Dadang Supriatna.

Dina ieu kasempetan Kang DS cumeluk ka sakumna masarakat Kabupaten Bandung, ti mimiti tingkat RT, RW nepi ka tingkat Desa/Kalurahan pikeun ngahirupkeun deui kaarifan local, kabiasaan anu kiwari geus mimiti ditinggalkeun, nyaeta ngentrungkeun deui sora kohkol atawa sora kentongan dina mangsa aya kajadian musibah alam.

Kang DS netelakeun yen nakol kentongan atawa kohkol kaasup salasahiji cara tradisional anu kungsi hirup di masarakat pikeun nyadarkeun warga alatan datangna hiji kajadian anu teu dipiharep. Sangkan masarakat iatna jeung ningkatkeun kawaspadaan ulah nepi ka balangah kabongohan.

“Ngahaturkeun wilujeng. Selamat memperingati Hari Kesiapsiagaan Bencana Nasional tahun 2025, hayu urang wujudkeun masarakat nu tanggoh bencana sareng siap sayaga salawasna ngajaga kasalametan. Kabupaten Bandung Bebas, Bedas, Bedas, langkung Bedas,” pokna nandeskeun. (K)**

Editor: Dadan Sungkawa

Tags:Bupati BandungDadang Supriatna


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *