Selasa, 17 Jun 2025
Sambunglayang

Najan Geus Dibebaskeun tina Tunggakan, Loba Keneh Ijazah Anu ‘Nginep’ di Sakola, Bidang Kasiswan SMAN Ciparay: Cukup KTP jeung KK Ijasah Dibagikeun Tanpa Syarat

Heddi Ali Ramdhana, Bidang Kasiswaan SMA Negeri Ciparay.***

LBNews.Com. CIPARAY, – Bangbaluh masarakat ngeunaan ijazah anu katahan di sakola alatan aya tunggakeun biaya itu-ini, geus rada kaubaran. Kiwari geus diputus ku kaluarna instruksi Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyadi. Sakola geus teu meunang deui nahan-nahan ijazah.

Tapi, fakta di lapangan, masih keneh loba ijazah anu nginep di sakola, tacan kabikeunan. Di SMA Negeri Ciparay, Kabupaten Bandung, misilna bae, nepi ka bulan Maret 2025, aya keneh puluhan nepi ka ratusna ijazah anu tacan kabagikeun.

“Dina sasih Januari 2025, aya kana 100 ijazah anu masih teu acan dicarandak. Mung dina sasih Syawal ieu, kantun sesana 40 ijazah deui anu teu acan kapasihkeun,” ceuk Bidang Kasiswaan SMA Negeri Ciparay Heddi Ali Ramdhana waktu ditepungan, Senen (25/4/2025)

Heddi ngeceskeun, yen pihak sakola henteu aya tungtutan nanaon. Para siswa anu ijazahna masih katahan di sakola bisa langsung datang kalayan mawa KTP jeung KK.

Jeung inyana ge nyebutkeun, yen pihak sakola mah geus henteu ngareret kana pasualan tunggakan, kaasup tunggakan nu geus lilana dua taun ka tukang, “Margi parantos dinolkeun sareng sadayana ijazah dibagikeun tanpa syarat, sarengna deui  ijazah peryogi pisan naha kanggo ngalamar damel sareng kapentingan sanesna,” tambahna.

Ku alatan masih keneh loba ijazah anu diantep, pihak sakola ge saenyana teu cicingeun, geus satekah polah ngayakeun upaya, boh ngaliwatan media social instragram, website. Kaasup nyieun pangumuman spanduk gede di hareupeun sakola jeung update laporan dina istragram sacara mayeng, “Ulah hilap, cekap nyandak KTP sareng KK, ijazah langsung katampi,” pokna. (Gun)***

Tags:SMAN Ciparay


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *