LBNews.com. DAYEUHKOLOT, – Padepokan Kisunda Ngalalana baris ngayakeun kagiatan bedah buku kalayan jejer Gelaring Pustaka “Sareupna di Pajajaran Part 2”, karya Aan Merdeka Permana.
Nurutkeun Koordinator Padepokan Kisunda Ngalalana, Ahmad Najib Qodratullah, SE., MH., ieu kagiatan teh bakal dilaksanakeun poe Minggu (20/4/2025), bada maghrib (tabuh 18.00 WIB) anu tempatna di Padepokan Kisunda Ngalalana, Jl. Raya Sukamenak No. 178, Desa Cangkuang Kulon, Kacamatan Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung.
Najib oge nyebutkeun salian ti ngadatangkeun Aan Merdeka Permana, pangarang buku Sareupna di Pajajaran Part 2, anu bakal nyaritakeun proses kreatif katut sawangan-sawanganana enggoning ngahasilkeun karya buku anu nyoko kana tema-tema sajarah Sunda, hususna sajarah Pajajaran, anu disebutna semi sajarah atawa sajarah tradisional. Malah supaya henteu nimbulkeun kontroversi mah, Aan leuwih mindeng nyebutna sasakala, anu salila ieu dijadikeun babon dina ngawangun struktur carita.
Minangka ‘pembandingna’ dina gelaring pustaka Bedah Buku Sareupna di Pajajaran Part 2. Najib oge ngahaja bakal ngahadirkeun panyatur ti kalangan budayawan Sunda, Budi Dalton anu baris ngaguar tina sisi kritik budaya, anu tangtuna bakal jadi bahan padungdengan dina cara pandang anu beda.
Malah, dina ieu acara teh diondang oge para pangarang jeung kritikus sastra ti sababaraha entragan anu katingalina masih keneh eksis dina rupa-rupa media citak jeung digital atawa ruang publik sejenna.
Sedengkeun Najib sorangan salaku penikmat karya-karya sastra kontroversi dina tataran antara sajarah tradisional jeung sajarah akademis anu biasa dijadikeun babon dina novel-novel sajarah, jigana bakal jadi panengah anu henteu biluk sacara nyabeulah, tapi mere lolongkrang kabebasan pamikiran anu kudu dilakonan sacara daria tur komprehensif. (Dadan Sungkawa)***