Kamis, 20 Mar 2025
Sambunglayang

Pemdaprov Jabar Ngabebaskeun Tunggakan Pajeg Kendaraan Bermotor

LBNews.com, BANDUNG – Pamarentah Daerah Provinsi Jawa Barat (Pemdaprov Jabar) mupus sakabeh tunggakan pajeg kendaraan bermotor, boh roda dua atawa roda opat, pikeun sakumna masarakat nu tepi ka danget ayeuna tacan mayar kawajibanana.

Gupernur Jawa Barat, Dedi Mulyadi, nepikeun ieu kawijakan teh ditujulkeun pikeun tunggakeun pajeg kendaraan ti taun 2024 ka tukang, kalayan tanpa aya watesan jumlah taunna.

Ieu program ngabebaskeun tunggakeun poko jeung dengda pajeg kendaraan bermotor diajangkeun pikeun masarakat jeung badan usaha nu ngabogaan atawa nguasa kendaraan bermotor di wilayah hukum Polda Jawa Barat jeung Polda Metro Jaya.

KDM – landihan akrab Dedi Mulyadi, ngajelaskeun, masarakat dibere kasempetan pikeun memperpanjang mangsa berlakuna pajeg kendaraanana ti tanggal 20 Maret – 6 Juni 2025, kalayan mayar pajeg taan berjalan tanpa ngalunasan tunggakan taun-taun samemehna.   

“Pamarentah Provinsi Jawa Barat mere ampunan, jeung ngahampura sakabeh tunggakan pembayaran pajeg kendaraan bermotor, tapi sanggeus lebaran, panuhun diperpanjang,” ceuk Dedi Mulyadi, Salasa (18/3/2025).

Dedi ngingatan yen pajeg kendaraan ngabogan peran penting dina pangwangunan infrastruktur, kaasup miara jalan. Ku kituna, inyana negeskeun sanggeus mangsa penghapusan tunggakan tutup, kendataan nu tacan mayar pajegna teu diizinan deui ngaliwat di jalan raya, boh tingkat kota/kabupaten boh jalan provinsi.

“Engke nu teu mayar pajeg padahal pihak pamarentah geus mere kasempetan pikeun ngomean kasalahan, moal bisa deui engke motor mobil nu tanpa pajeg ngaliwat di jalan kabupaten, ngaliwat di jalan provinsi,” pungkasna.

Sawatara, Kepala Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Jabar, Dedi Taufik, nyebutkeun, ieu kawijakan teh ngabogaan tujuan pikeun ningkatkeun kapatuhan masarakat enggoning mayar pajeg turta nartibkeun data kapemilikan kendaraan.

Lintang ti kitu, ieu program teh dirojong ku rupa-rupa layanan digital saperti E-Samsat, aplikasi Sambara melalui Jabar Apps Sapawarga, turta layanan Samsat Keliling, Samsat Masuk Desa, Samsat Digital Leuwipanjang, Samsat Outlet, Samsat Gendong, Samsat Drive Thru, jeung BUMDes.

Kalayan kawijakan ieu, pihak pamarentah miharep kapatuhan masarakat ngoaronjat jeung teu aya deui kendaraan anu ngabogaan status pajak tertunggak, ceuk Dedi Taufik.

Lintang ti kitu, masarakat nu ngabogaan kendaraan lain atas nama pribadi disarankeun sagancangna ngurus bea balik nama kendaraan (BBNKB nu geus digratiskeun. Namung, biaya TNKB, STNK, jeung BPKB tetap diterapkeun sakumaha aturan nu nyampak, ceuk Dedi Taufik nambahkeun.

Ku ayana ieu kawijakan, dipiharep masarakat bisa ngamangpaatkeun kasempetan dipupusna tunggakan pajeg kendaraan jeung ngayakeun kotribusi dina pangwangunan daerah ngaliwatan pembayaran pajeg kalayan tepat waktu,***

Dadan Sungkawa

Sumber: Rilis Humas Prop Jabar



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *