Selasa, 17 Jun 2025
Sambunglayang

Pendidikan Bela Nagara jadi Unggulan SMA Taruna Mahawarman

LB.News.Com, CIKANCUNG, – SMA Taruna Mahawarman pernahna di Jl Raya Cikancung KM 1 No. 34 Kecamatan Cikancung, Kabupaten Bandung, Jawa Barat. Ngadeg tanggal 30 April 1997. Salasahiji unggulanana nyaeta program Pendidikan Khusus Bela Negara.

Nurutkeun panaratas SMA Taruna Mahawarnan Alm. Drs. H. Koim Abdurrohim sababaraha taun kaliwat, anu oge kaasup tokoh aktivis Resiman Mahasiswa (Menwa) Mahawarman waktu keur kuliahna, anu dimaksud bela negara, nyoko kana sikep sili bantu, silih tulungan, jeung ngajaga kaamanan nagara jadi niley-niley anu diajarkeun ka para murid. Demi bela negara teh disokonng ku sababaraha unsur diantarana sumber daya alam, trimatra (TNI AD,AL,AU) plus polisi jeung komponen cadangan nyaeta sakur lapisan masarakat anu mibanda jiwa bela nagara.

Sakabeh para siswa ti mimiti kelas awal keneh geus mimiti diwanohkeun kana pendidikan dasar semi kemiliteran ala Resimen Mahasiswa (Menwa) dina awal semester salila dua minggu. Saterusna dilaksanakeun pembinaan rutin tiga kali seminggu kalayan kostum seragam militer hejo saban hari Senin-Kamis-Sabtu.

Husus pikeun anggota regu piket, seragam hejo oge digunakeun waktu narima ditibanan tugas harian ngalakukeun kadisiplinan di sakola.

Para siswa SMA Taruna Mahawarman oge dilengkepan make Baret Ungu, nurut ka baret anu biasa dipake ku para anggota Menwam, ngan emblemna khas SMA Taruna Mahawarman.

Kurikulum utama anu diterapkeun luyu jeung kurikulum pendidikan nasional. Jeung aya deuih sababaraha pilihan kagiatan ekstrakurikuler seperti ketrampilan komputer, beladiri, Pramuka, Paskibra, jeung panjat tebing/Pecinta alam.

Keistimewaan lain, SMA Taruna Mahawarman nyadiakeun fasilitas beasiswa pikeun murid anu ngabogaan prestasi jeung murid ti kalangan kulawarga kurang mampuh. Sedengkeun ijazah anu ditarima para lulusanna dikaluarkeun ku sakola indukna, nyaeta SMA Negeri I Cicalengka.

Salila proses KBM (Kegiatan belajar Mengajar), para murid ge geus diwanohkeun kana dunia widang usaha, salasahijina ngayakeun praktek dina widang produksi bata merah kalayan dibere merk WCDS. Ieu produksi bata WCDS teh pernahna tukangeun sakola, mangrupa pabrik mini. Tur hasilna dijual keur nutupan biaya operasional sakola.

“Lulusan SMA Mahawarman diproyeksikeun jadi tanaga siap pake jeung ngabogaan kapabilitas kapamingpinan di masarakat,” walon Koim Abdurrohim waktu masih keneh jumeneng. (Gun)***

Tags:SMA Taruna Mahawarman


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *