Kamis, 13 Mar 2025
Sangkuratu

Bupati Bandung, Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi (Akkopsi)

Bupati Bandung Dadang Supriatna kabiruyungan jadi Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi (AKKOPSI). Ieu hal teh kaungkab sabada audensi Direktur Eksekutif Seknas Akkopsi, di Ruang Rapat Bupati Bandung di Soreang, Rabu 12 Maret 2025.***

LBNews.Com. SOREANG, – Bupati Bandung Dadang Supriatna kabiruyungan jadi Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi (AKKOPSI) ku Sekretariat Nasional Akkopsi, nyusul sabada dilantik nyepeng kalungguhan Bupati Bandung periode kedua ku Presiden Prabowo.

Ieu hal teh kaungkab sabada audensi Direktur Eksekutif Seknas Akkopsi, di Ruang Rapat Bupati Bandung di Soreang, Rabu 12 Maret 2025.

Dina kesempatan audiensi, Direktur Eksekutif Seknas Akkopsi Josrizal Zain nepikeun pangwilujeng jeung ucapn selamat ka Dadang Supriatna nu tacan lila dilantik jadi Bupati Bandung periode kedua.

“Kami dari Seknas Akkopsi juga ucapkan selamat kepada Pak Bupati karena mendapat jabatan baru sebagai Ketua Umum Akkopsi,” ceuk Josrizal dibarengan applause pamilon audiensi.

Josrizal nyebutkeun, kapilihna Dadang Supriatna salaku Ketum Akkopsi alatan Bupati Bandung mibanda kapasitas, pangalaman jeung ambahan wawasan nu lega pikeun ngajalankeun nahkoda Akkopsi ka jareupna.

Serah terima jabatan Ketum Akkopsi dipasrahkeun ti Walikota Banjarmasin Ibnu Sina ka Bupati Bandung Dadang Supriatna di Jakarta pada 19 Februari 2025. Sertijab dilakukan lantaran Ibnu Sina nyanghareupan mangsa pangsiun sanggeus dua periode ngajabat Wali Kota Banjarmasin.

Kepala Badan Perencanaan Pembangunan, Riset dan Inovasi Daerah (Bapperida) Kabupaten Bandung, Marlan netelakeun, kagiatan audiensi Akkopsi teh dina raraga ngabahas struktur kapangurusan Akkopsi mepi ka tahun 2026, di mana Akkopsi barrios ngagelar Musyawarah Nasional.

“Lintang ti kitu, oge sakalian ngabahasa event rutin taunan nu diayakeun Akkopsi  nyaeta City Sanitation Summit XXIII di Kota Ternate dina Mei 2025, kalebet persiapan Munas Akkopsi tahun 2026,” jelas Marlan.

Tugas jeung fungsi pokok Akkopsi nyaeta mantuan pamarentah di widang kasinambungan pangwangunan (Sustainable Development Goals/SDG’S), salasahijina nyaeta ngawujudkeun akses cai ngiinum jeung sanitasi aman turtaterus-tumerus pakieun masarakat sakumna.

Danget kiwari, kacatet akses sanitasi layak pamukiman sacara nasional karek ngahontal 83% tina target 90% taun 2024. Sawatara tina sisi sanitasi aman karek ngahontal 10% jeung pasualan-pasualan runtah nu ngan karek ngahontal 67% sacara nasional.***

Dadan Sungkawa/Sumber: Humas Kab, Bandung



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *