Rumpaka: Dadan Sungkawa
Radén Adipati Wiranatakusumah I (1763-1794 M.)
SINOM
Natapraja gaduh putra
Dua nu dipiasih
Nu cikal Indradiréja
Dititis waris dipati
Katinggal gurat pamingpin
Sabab jujur reujeung junun
Tanjeur témbong wibawa
Indradiréja diaping
Manjing waktu, dijeujeuhkeun ngasuh nagri
Nu kadua rada lampar
Wawanén gedé kawani
Nelah Rangga Batulayang
Nu patelak jeung kompeni
Talajak ngati-ngati
Matak disingkur pajauh
Ngawasa Batulayang
Kalah beuki wani-wani
Koroh kojor nolak wajib melak kopi
Hukum buang ditarima
Henteu jauh-jauh teuing
Batulayang gé ngalayang
Matak nyeri kana ati
Rasa kapati-pati
Tapi teu meunang kaduhung
Sabab mungguh raja
Masing teger kudu tigin
Keur nanjeurkeun salah bener masing yakin
Pangawasa Batulayang
Disérén ka Adipati
Bandung tambah ngalegaan
Timbanganten gé ngahiji
Ngajadi sanagari
Tuh cirina Gunung Tilu
Ngasuh tilu karatuan
Dipercaya nyakrawati
Indradiréja katitis Cakrawati◘