Rumpaka: Dadan Sungkawa
Radén Adipati Wiranatakusumah IV (1846-1874 M.)
SINOM
Suryakarta Adiningrat
Keur mangsa jadi kumetir
Digentra ku ingkang rama
Nuluykeun tahta dinasti
Titis waris Dipati
Nyepeng kalungguhan agung
Pikeun ngolah nagara
Ngabdikeun diri ka nagri
Tatar Bandung boga pamingpin sajati
Dijujuluk Dalem Bintang
Sabada ngadeg bupati
Kamasyhur ku motékarna
Dugdeg wangunan arantik
Kantor, sakola jeung masjid
Seni budaya dipaju
Puseur sagala widang
Sugih harta sugih harti
Dalem Bintang lir béntang murag ti langit
Ménak somah sarakola
Mun hayang loba pangarti
Kari junun jeung daékna
Teu kudu dipaké sulit
Asal baé sing rajin
boga élmu pangaweruh
Moal beurat mamawa
Jadi murid nu sajati
Gedé guna keur kamajuan nagari
Dina mangsa Dalem Bintang
Kina paselang jeung kopi
Hasilna matak gumbira
Nyukupan keur saban nagri
Ubar langka di bihari
tumuwuh tangkalna subur
Jang ubar malaria
Méméh aya ubar lain
Pasir Junghunh saksina di tepis wiring
Di Gambung mah uplak-aplak
Kebon entéh nu mimiti
Tambah hégar katingalna
Rajol nu datang kataji
Usaha terus ngamukim
ngabukbak leuweung nu liwung
arusaha buniaga
melak entéh kina kopi
héjo ngémploh nganteg di pasir jeung lamping.◘