LBNews.com, BANDUNG. – Pamarentah Daerah Provinsi Jawa Barat mgararancang pangwangunan imah panggung minangka solusi tina remenna musibah caah nu tumiba Desa Karangligar, Kabupaten Karawang. Datangna caah teh alatan mudalna cai ti walungan Cibeet jeung Cijurey dimana usum hujan kalayan intensitas tinggi.
Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyadi nerangkeun imah panggung nu rek diadegkeun teh jangkungna 2,5 meter sangkan aman dina mangsa caah datang.
“Solusi pikeun warga Karangligar nyaeta pangwangunan sarebu imah panggung nu rek disadiakeun ku Pemerintah Provinsi (Jabar),” ceuk Dedi ngaliwatan akun Instagram pribadinya, @dedymulyadi71.
Dedi ngajelaskeun, desain ieu imah panggung teh sangkan warga tetep bisa ngayakeun aktivitas sok sanajan lembur kakeunaan caah.
“Ieu paimahan panggung nu rek dijieun teh luhur kolongna wae jangkung 2,5 meter. Jadi, mun aya caah teh, warga teu perlu repot. Cukup turun terus naek parahu keur akses ka jalan,” pokna.
Salian ti solusi dangka pondok mangrupa imah panggung, Dedi ge negeskeun Selain solusi jangka pendek berupa rumah panggung, Dedi menegaskan pereku tarekah strategis dangka panjang enggoning nyinglar musibah caah kalayan gembleng. Inyana ngajurung Kementerian Pekerjaan Umum (PU) sangkan sagancangna ngarealisasikeun pangwangunan Bendungan Cibeet jeung Cijurey pikeun ngadalikeun debit cai walungan nu sok biasa mudal.
“Banjir di Karangligar sumberna ti walungan Cibeet jeung Cijurey. Alatan kitu, bendungan kudu sagancangna dibangun pikeun nyinglar masalah kalayan permanen,” ceuk Dedi ngadadarkeun.
Dedi ge nekenkeun ngungkulan pasualan caah moal cukup ku bantuan logistik sembako, tapi kudu ku cara ngayakeun solusi infrastruktur nu terus-tumerus.
“Banjir moal anggeus ku sembako,” pokna.
Pemdaprov Jabar geus gilig hate (komitmen) moal deuk cicingeun pikeun terus neangan solusi nu sahade-hadena pikeun masarakat anu katibanan musibah caah, boh ngaliwatan pangwangunan infrastruktur atawa kawijakan ngungkulan musibah kalayan komprehensif.***
Sumber: Rilis Humas Prov. Jabar