Senin, 17 Mar 2025
Sangkuratu

Perda PGB Disahkeun, Bangunan dina Sempadan Bakal Ditertibkeun, Kang DS: Teu meunang aya Bangunan Nonggongan Walungan

Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) ngeunaan Persetujuan Bangunan Gedung (PBG) Kabupaten Bandung resmi disahkan dina Sidang Paripuna DPRD Kabupaten Bandung di Gedung Paripurna, Soreang, Senin (17/3/2025).***

LBNews,com. SOREANG, – Rancangan Peraturan Daerah (Raperda) ngeunaan Persetujuan Bangunan Gedung (PBG) Kabupaten Bandung resmi disahkan dina Sidang Paripuna DPRD Kabupaten Bandung di Gedung Paripurna, Soreang, Senin (17/3/2025).

Alatan ieu Raperda disatujuan, pihak pamarentah jigana moal kongang, sagala hal tumali jeung bangunan atawa gedong bakal ditartibkeun Pemkab Bandung.

“Ieu Perda PBG teh dina raraga tartib bangunan jeung gedong. Salasahijina diatur ngeunaan imah warga, teu meunang nonggongan walungan, tapi kudu nyanghareup ka walungan, ceuk Bupati Bandung Dadang Supriatna ngajelaskeun sarengsena rapat paripurna.

Lamun masih keneh aya imah anu nukangan walungan, ceuk bupati, daek teu daek bakal ditartibkeun pihak Pemkab Bandung.

Saterusna bupati nyebutkeun, bangunan atawa gedong nu aya dina sempadan walungan, engkena insyaaalah bakal ditertibkeun ku pihak Kementerian Pekerjaan Umum dan Perumahan Rakyat (PUPR) bareng jeung Pemprov Jawa Barat, Bupati Dadang Supriatna nandeskeun.

Kang DS – landihan akrab Dadang Supriatna – nambahkeun, ieu Perda PGB teh aya hubunganana jeung pasualan ngungkulan banjir anu salila ieu loba diakibatkeun mahabuna pangwangunan bangunan gedong anu teu salayu jeung aturan katut kagunaanana.  

“Hartina, ku ayana Perda PGB, pamarentah geus mere panyalindungan atawa proteksi sangkan nyinglar tina musibah atawa hal lainna anu teu dipikahayang. Lamun masarakat terus maksakeun diri, ulah nyalahkeun pamarentah lamun aya resikona,” tandes Kang DS.

Ieu Bupati Bedas teh nambahkeun deui, Pemkab Bandung bareng jeung Pemprov Jawa Barat oge bakal terus ngalakukeun upaya ngadalikeun lahan kritis jeung pangwangunan dano retensi di Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang.

“Pikeun rehabilitasi lahan kritis di Kacamatan Kertasari, Pangalengan jeung aecamatan Pacet, insyaallah jadi Gubernur Jawa Barat siap nangtungan mereskeun lahan kritis nu legana 200 hektare. Sedengkeun ti pihak Pemkab Bandung sorangan ngaliwatan dana CSR rencanana bakal ngarehab lahan anu legana 2.700 Ha,” ceuk Kang DS ngajetrekeun.***

Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *