LBNews.com. KAB. BANDUNG – Camat Ciparay H. Rachmat ngungkabkeun yen para pangurus Koperasi Desa Merah Putih ditungtut masing tanggoh, siap nyumbangkeun pamikiran jeung tanaga pikeun kamajuan pangwangunan desa.
“Nu janten harepan mah, ku ngadegna lembaga koperasi ieu teh leres-leresa kanggo kamajengan desa,” ceuk Camat Rachmat waktu nepikeun kateranganana dina proses ngabentuk pangurus Koperasi Desa Sumbersari Kecamatan Ciparay Kabupaten Bandung, Kamis (15/5/2025), nak.
Inyana oge satekah polah mere edukasi jeung pamahaman ka para pengurus koperasi nu kiwari keur jadi program strategis pamarentah pusat.
Disebutkeun, kabentukna kapangurusan koperasi teh, samemehna kudu paham heula, naon ari koperasi teh? Jeung, naon nu bakal jadi hanca garapanana? Camat Ciparay, Rahmat nerangkeun yen koperasi dibentuk ku anggota, keur anggota, jeung mulang deui ka anggota
Terus, sektor usahana saperti kumaha? Hal ieu perlu dianalisa ku pangurus koperasi nurut kana potensi nu aya di desana sewang-sewangan.
Rachmat oge nyebutkeun yen tujuan koperasi ini dibentuk pikeun kamajuan ekonomi desa, matak aya hadena leuwih ngembangkeun ekonomi nu riil. Koperasi Desa Merah Putih dibentuk pikeun ningkatkeun ekonomi social masarakat. Leuwih penting deui, pangurus koperasi kudu ngabogaan jiwa babakti pikeun ngamajukeun ekonomi masarakat ngaliwatan koperasi.
Inyana nyebutkeun kantor koperasi oge kudu representatif, jeung bisa ngagunakan tanah carik desa.
Camat Rahmat oge terus ngupayakeun pikeun ngajurung para pangurus koperasi paham jeung ngaboaan kammpuan IT, jiwa inovatif jeung kreatif. Anu dipamrih para pangurus bisa ngaraharjakakeun masarakat di Desa Sumbersari, pungkasna. (K)**
Editor: Dadan Sungkawa