Sabtu, 26 Apr 2025
Saridaya

DPMPTSP Kab. Bandung Sosialisasi Lolongkrang Kemitraan Investasi pikeun Pelaku UMKM

Dinas Penanaman Modal da Pelayanan Terpadu Satu Pintu (DPMPTSP) Kabupaten Bandung ngagelar tanda tangan kasapakatan MoU Kemitraan Usaha, antara UMKM jeung dunia usaha di Sutan Raja Soreang, Rabu 16 April 2025.***

LBNews.com. SOREANG, – Dinas Penanaman Modal da Pelayanan Terpadu Satu Pintu (DPMPTSP) Kabupaten Bandung ngagelar tanda tangan kasapakatan MoU Kemitraan Usaha, antara UMKM jeung dunia usaha di Sutan Raja Soreang, Rabu 16 April 2025.

Ieu kasapakatan nanda tangan MoU teh minangka upaya nyata dina nguatkeun kolaborasi antara pelaku UMKM jeung pelaku usaha, boh Penanaman Modal Asing (PMA), boh Penanaman Modal Dalam Negeri (PMDN) di Kabupaten Bandung. Ieu kagiatan teh dihijikeun jeung runtuyan kagiatan Sosialisasi Peluang Kemitraan Investasi bagi pelaku usaha mikro dan kecil.

Wakil Bupati Ali Syakieb nyebutkeun UMKM beunang disebutkeun jadi andelan (tulang punggung) perekonomian nasional. Alatan kitu, apingan pembinaan, upaya ningkatkeun kapasitas, ambahan akses pasar, jeung  ruang kemitraan jadi kunci sangkan UMKM bisa naek kelas jeung bisa nembongkeun daya saing di tingkat global.

Ali Syakieb netelakeun ngaliwatan ieu kagiatan, Pamarentah Kabupaten Bandung terus ngawangun komitmen pangjurung investasi nu inklusif jeung terus tumerus, demi nyiptakeun niley tambah, mukakeun lapangan pagawean jeung ngwalatrakeun pangwangunan ekonomi di daerah.

Salian ti kitu teh sosialisasi oge pikeun mere pemahaman sarta ningkatkeun rampak gawe antara nu boga modal di Kabupaten Bandung, boh PMA boh PMDN jeung para pelaku UMKM.

Ku ayana karaketan ieu, bisa ngadatangkeun kemitraan nu silih untungkeun, ku cara nedunan sakabeh kabutuh bahan baku lokal atawa operasionalisasi usahana, jelas wabup.

Ali Syakieb nandeskeun, dina nyanghareupan tangtangan global jeung jaman digital, UMKM geus bisa jalan sosorangan. Para pelaku MKM perelu apingan, kumaha ningkatkeun kapasitas jeung dibere ruang kamitraan jeung akses pasar anu lega ambahanana sangkan mampih naek kelas jeung bisa ngayakeun daya saing di level anu leuwih lega awahanana.

Kagiatan ieu ngarupakeun langkah nyata jeung strategis pikeun nguatkeun pondasi ekonomi daerah nu inklusif, adil jeung tuluy-tumuluy, tambahna.

Ieu hal teh sajalan jeung salasahiji misi Kabupaten Bandung.  nyaeta mgadorong katahanan pangan ngaliwatana profuksi pangan local nu terus-tumerus.

Nurutkeun Ali, investasi jeung kamitraan usaha jadi dua elemen penting dina strategi ngahontal  misi tadi.

Investasi henteu ngan saukur ngadorong tumuwuhna ekonomi ngaliwatan niley tambah anu diciptakeun, tapi oge deui muka lapangan pagawean, ningkatkeun panghasilan masarakat sarta ngajadikeun lokonotif kawalatraan pangwangunan, pokna.

Tapi, tumuwuhna ekonomi nu didorong lain samata-mata tumuwuh keur ngajangkungan wungkul, tapi deuih tumuwuhna anu ngawalatrakeun oge inklusif dimana sakabeh lapisan masarakat, hususna pelaku UMKM turut ngarasakeun mangpaatna.

Dina konteks nasional, kontribusi UMKM kana PDB Indonesia ngahontal leuwih ti 60% jeung nyerep sakitar 97% tenaga kerja di Kabupaten Bandung.

Ali nyebutkeun jumlah pelaku UMK nghontal leuwih ti 46.000 unit usaha dumasar data BPS 2023, nu sumebar di rupa-rupa sector, ti mimiti kuliner, karajinan,pertanian nepi ka ekonomi digital.

Pihakna oge ngaku, hal anu kudu jadi kasadaran yen pelaku UMKM masih ngayonan rupa-rupa tangtangan ti mimiti akses nu kawates, biaya, teknologi nepi ka pasualan jaringan pasar, ceuk Ali.

Dina palebah dieu pisan Pemkab Bandung teu bisa jalan sorangan, perlu ngayakeun kolaborasi lintas sektor, utamana nguatkeun kamitraan strategis. Di antarana usaha besar boh PMA atawa PMDN jeung UMKM lokal winangun upaya anu bisa nembongkeun kaberpihakan sacara nyata kana ekonomi rakyat.

Sawatara Kepala DPMPTSP Kabupaten Bandung Ben Indra Agusta ngajelaskeun, tujuan dilaksanakeunana kagiatan sosialisasi peluang kemitraan investasi bagi pelaku usaha mikro dan kecil di Kabupaten Bandung, sangkan para pelaku pelaku usaha PMA atawa PMDN bisa meunang pamahaman nu jelas tumali jeung kawajiban pikeun ngayakeun kamitraan atawa jadi mitra usaha,

“Ngadorong para pelaku usaha PMA jeung PMDN pikeun jadi mitra jeung pelaku ekonomi lokal, minangka bentuk tina ngalaksanakeun investasi di daerah sakumaha katangtuan ketentuan perundang-undangan anu aya,” ceuk Ben.

Diharepkeun perusahaan gede oge bisa ngayakeun partisipasi aktif dina ngawangun sinergita demi kamjuan ekonomi daerah di Kabupaten Bandung.

Ben ngadadarkeun, Kabupaten Bandung dina taun 2024 ngahontal realisasi investasi  panggedena la;ayan jumlah Rp30,9 triliun ningkat ti nu samemehna anu gedena Rp30,3 triliun.  Nurutkeun inyana, realisasi investasi ieu teh nandakeun kepercayaan investor kana potensi jeung iklim usaha di Kabupaten Bandung.

Sok sanajan kitu, hasil henteu pangwangunan daerah teu ngan ukur tina angka investasi, tapi sajauh mana investasi mere dampak langsung ka masarakat.

Ben ngungkabkeun, dina taun 2024 Pamarentah Kabupaten Bandung ngaliwatan DPMPTSP geus ngayakeun fasilitas kemitraan usaha, di antarana 4 perusahaan besar jeung 12 pelaku UMKM kalayan niley kamitraan ngahontal leuwih lebih ti Rp16,3 miliar.

Sok sanajan skalana masih keneh ngawates, nurutkeun pangakuan Ben, tapi ieu hal teh ngarupakeun Langkah awal nu hade maju kana ekosiistem nu silih kuatkeun. Alatan kitu, pihakna ngajak ka sakumna pihak pelaku usaha besar pelaku UMKM jeung sakabeh pamangku kapentingan usaha, terus ngayakeun sinergi jeung oge kolaborasi di Kabupaten Bandung.

“Pamugi bae ku ayana kamitraan ieu, bisa narekab ka pangusaha-pangusaha lainna. Sangkan langkung seueur pelaku UMKM nu kabantu, anu narima mangpaat tina ningkatna realisasi investasi di Kabupaten Bandung,” ceuk Ben.(*)

Editor Dadan Sungkawa

 

 

Tags:Ali SyakiebBen Indra AgustaDPMPTSP Kab. BandungPemkab Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *