Senin, 17 Mar 2025
Saridaya

Gelar Bazar Ramadhan 1446 H jeung Launching Operasi Pasar Murah 2025, Kang DS Optimis Inflasi di Kabupaten Bandung Tetep Kajaga tur Stabil

Sacara simbolis Bupati Bandung Dadang Supriatna masrahkeun paket Oprasi Pasar Murah nu digelar di dalapan kacamatan, ngawengku: Pacira (Pasirjambu, Ciwidey, dan Rancabali), Margahayu, Kutawaringin, Solokanjeruk, Ibun dan Baleendah dina acara Lounching Operasi Pasar Murah (OPM) jeung Bazar Ramadhan 1446 H di Plaza Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senen (17/3/2024).***

LBNews.com. SOREANG. – Pamarentah Kabupaten (Pemkab) Bandung ngalaksanakeun Bubuka Bazar Ramadhan 1446 H, sekaligus Launching Operasi Pasar Murah 2025 pikeun dalapan kecamatan sa-Kabupaten Bandung di Plaza Upakarti Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senen (17/3/2024).

Bupati Bandung Dadang Supriatna nyebutkeun ieu kagiatan Lounching Operasi Pasar Murah (OPM) jeung Bazar Ramadhan nu biasa dilaksanakeun saban bulan suci Ramadhan. Dina poe ieu, Senen (17/3/2025) diajangkeun pikeun dalapan kacamatan, nyaeta Pacira (Pasirjambu, Ciwidey, dan Rancabali), Margahayu, Kutawaringin, Solokanjeruk, Ibun dan Baleendah

Dia ieu kagiatan teh disadiakeun paket nu jumlahna 10.244 paket. Ari harga dasarna Rp 190.000/paket, disubsidi sebesar Rp 98.000, jadi ditebusna Rp 92. 000/paket. Ieu teh ditujulkeun pikeun masarakat kategori miskin rentan. Jadi, henteu sakabeh masarakat dibere OMP, jeung datana geus aya di masing-masing kacamatan, ceuk Dadang Supriatna dina kateranganana.

Kang DS – sebutan akrab Dadang Supriatna – nyaritakeun, ieu kagiatan Bazar Ramadan teh baris lumangsung ti mimiti tanggal 17 Ramadhan nepi ka 21 Ramadhan 1446 H. Tapi, meunang oge ditambahan jadwalna nepi ka tanggal 29 Ramadhan, Kang DS nerangkeun.  

Kang DS miharep dilaksanakeunana Bazar Ramadhan rampak gawe jeung Dekranasda Kabupaten Bandung teh bisa lumangsung kalayan lancar tur kahadiran pelaku UMKM di Kabupaten Bandung bisa katarima ku masarakat luas.

Ieu kagiatan dilaksanakeunana Bazar Ramadhan teh sakaligus jadi ajang promosi ka masarakat, yen Kabupaten Bandung nu ngabogaan 16.800 item para pelaku UMKM potensial enggoning ngadobrak pasar, pokna.

Ngaliwatan kagiatan OPM jeung Bazar Ramadhan, Kang DS ngarasa optimis inflasi di Kabupaten Bandung baris tetep kajaga tur stabil.

Kitu deui, Kang DS oge ngaku optimis para pelaku UMKM di Kabupaten Bandung terus maju tur mekar. Seug komo, Ketua Dekranasda Kabupaten Bandung Hj. Emma Dety Dadang Supriatna teu weleh fokus jeung terus ngabantu jeung ngarojong kana kamekaran para pelaku UMKM.

Nyabit pasualan stok pangan dina nyanghareupan lebaran, Bupati Bandung mastikeun yen stok atawa kasadiaan kabutuhan pangan aman jeung stabil pikeun masyarakat Kabupaten Bandung nepi ka Hari Raya Idul fitri 1446 H.

Selila ieu, kasadiaan stok pangan di Kabupaten Bandung aman jeung stabil. Pihakna satiap saminggu sakali ngayakeun panalingaan di lapangan tumali jeung stok pangan.  “Insya Allah dugi ka Lebaran engke, kasadiaan stok pangan aman tur stabil,” pokna.

Sawatara, Kepala Dinas Perdagangan dan Perindustrian Kabupaten Bandung Dicky Anugrah nyebutkeun, dilaksanakeunana kagiatan Bazar Ramadhan 1446 H jeung Operasi Pasar Murah (OPM) 2025, pikeun  mantuan promosi jeung ningkatkeun lolongkrang pasar turta transaksi penjualan produk UMMKM Kabupaten Bandung.

Jaba ti kitu teh, oge deuih pikeun ngajaga stabilitas harga jeung kasadiaan barang kabutuhan pokok dina nyanghareupan bulan suci Ramadhan jeung indul Fitri 1446 H. sakalian nyadiakeun fasilitas subsidi kabutuhan poko masaralat kalayan jenis konoditi anu tepat ka rumah tangga rentan miskin mapag Hari Besar Keagamaan Nasional (HBKN).

Disebutkeun, kegiatan Bazar Ramadhan 1446 H dilaksanakan salila 5 poe, ti tanggal 17 Maret 2025 nepi ka 21 Maret 2025, tabuh 08:00 nepi ka 16:00 WIB di Plaza Upakarti Soreang.

Pamilon Bazar Ramadhan, nyaeta 130 pelaku usaha IKM UMKM jeung aya deuih keikut-sertaan ti DWP Kabupaten Bandung, PKK Kabupaten Bandung dan toko modern serta Dinas Koperasi dan UMKM anu kabehna 6 stand, jelasna.

Dina Bazar Ramadhan 1446 H nyadiakeun kebutuhan pokok masarakat, kuliner, fashion, craft dan sembako. Lintang ti aya oge layanan Klinik Kemasan jeung fasilitasi kalengkepan badan usaha NIB.

Saterusna Dicky ngungkabkan, Operasi Pasar Murah (OPM) 2025 dilaksanakeun dina tanggal17, 19 dan 20 Maret 2025 anu tempatna di 8 Kacamatan, nyaeta Kacamatan Solokanjeruk, Kacamatan Ibun, Kecamatan Pasirjambu, Kecamatan Ciwidey, Kecamatan Rancabali, Kecamatan Kutawaringin, Kecamatan Margahayu jeung Kecamatan Baleendah sakumaha jadwal anu geus ditangtukeun.

Masyarakat nu narima subsidi dina Operasi Pasar Murah (OPM) kalayan kriteria rentan miskin. Jumlah paket lobana 10.204 paket. Sapaket eusina, nyaeta beras 5 kg, gula 3 kg dan minyak 3 liter. Harga per paket nileyna Rp 190.000,- , subsidi senilai Rp 98.000,- jadi harga tebus masarakat Rp 92.000,-, jelasnya.

Nurutkeun Dicky Anugrah, nilik tina data kamekaran pertumbuhan ekonomi Kabupaten Bandung, Kontribusi Sektor Terhadap PDRB ADBH, kahiji Industri Pengolahan 52.91%, kedua Perdagangan Besar jeung Eceran, Reparasi Mobil dan Sepeda Motor 13.46%. Katilu, Pertanian Kehutanan Perikanan 6.77%.

“Angka Inflasi di Kabupaten Bandung nepi ka bulan Pebruari 2025: -0,20%. Sedengkeun perkembangan ekspor dina Januari – Desember 2024, naek ngahontal angka 323,28%,” pokna.

Turut hadir dina ieu kagiatan Bazar Ramadhan jeung Launching OPM teh, Ketua Dekranasda Kabupaten Bandung Hj. Emma Dety Dadang Supriatna, Asisten Perekonomian dan Pembangunan Kabupaten Bandung Kawaludin, jajaran OPD Kabupaten Bandung, para camat, para pelaku UMKM dan sajumlah pihak lainna.***

Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *