Naskah: Dadan Sungkawa
Sapuluh taun katukang, masarakat Indonésia keur migandrung batu akik. Teu di kolot teu di kalangan ngora. Ahéngna deui, teu di awéwé, teu di lalaki. Malah nu leuwih hébat mah, lain dikalangan kaom tradisional jeung marginal, tapi deuih dipigandrung nepi ka kalangan inteléktual, sélébritas, kitu deui gegedén panguasa wilayah, ti pantar RT nepi ka présidén. Batu akik geus jadi paguneman balaréa. Nepi ka sawaréh mah mélaan deui moro batu ‘atah‘-na, nyorang gunung, lamping jeung leuweung, ngaraas walungan, demi manggihan batu akik nu leuwih antik tur unik. Naon saenyana anu ditéangan?
Jawabanana bisa rupa-rupa dumasar kana kapentingan jeung pangalaman budaya séwang-séwangan. Teu bisa digitik-rata kitu waé. Sabab, dina nguniangna kagandrungan batu akik, aya rupa-rupa kasang tukang kabutuhan, diantarana, kabutuhan budaya, kabutuhan gaya hirup, kalangenan, anu satuluyna dikemas jadi kabutuhun ékonomi. Dina harti, yén dina batu akik aya multi-ajén anu sarwa nyampak tur bisa disurahan deui kalayan gemet, diantarana, ajén sajarah, tradisi, seni, jeung géngsi kahirupan sosial. Antukna, ieu multi-ajén téh, sacara langsung teu langsung kabaca ku para pamaén ékonomi kelas tinggi.
Aya éksploitasi anu ngahaja diciptakeun kalayan sistematis dina waktu nu lain sakeudeung-sakeudeung. Pangpangna dina nyiptakeun sasaran-sasaran trendy kalayan maké manajemén bisnis modéren. Tangtu wé dijerona ngalibatkeun para pamaén bisnis nu kawilang uling. Masarakat Indonésia kaasup masarakat anu gampil kabawa arus dina kaulinan para pamaén bisnis. Pangna kitu téh, alatan Indonésia leuwih siap sagala-galana. Naon nu euweuh di Indonésia. Rék dibawa trendi manuk kicau hayu. Rék dibawa trendi lauk hias, ogé siap. Rék dibawa trendi dunia maya atawa dunia internet, ogé katuturkeun. Kitu deui trendi outomatif, ti mimiti sapéda motor nepi ka mobil. Naon rupa trendi-trendi dunia usaha ku masarakat Indonésia, pasti kabedag. Anu jadi pasualan, saha sabenerna anu bener-bener ngeruk kauntunganana?
Balik deui kana tréndi batu akik, loba saenyana mah anu diuntungkeun. Ti mimiti tukang ngala batu, para pengrajin batu akik, ogé para ahli batu akik nu sumebar di unggal wilayah. Batu akik Indonésia, moal éléheun, boh motifna, jenisna katut kadar kateuasanana. Sajarah peradaban Indonésia geus kabentuk ku pirang-pirang jaman batu. Ti mimiti mangsa neolitikum nepi ka mangsa mégalitikum. Jaman harita waé, masyarakat Indonésia geus bisa ngolah batu pikeun dijadikeun pakakas sapopoé. Kaasup rupa-rupa perhiasan atawa asésoris. Batu anu dijieun perhiasan téh, diantarana nyaéta tina jenis batu agat, kalsédon jeung jaspis nu rupana aya nu bodas, konéng, coklat, beureum, jeung héjo.
Matak, lamun téa mah, mangsa kiwari aya nu ngahudangkeun deui mikagandrung kana batu akik anu fungsina pikeun asésoris, saenyana mah kaitung wajar. Ti baheula mula, geuning kabutuh kana asésoris atawa barang perhiasan téh geus jadi salasahiji budaya anu henteu bisa dileungitkeun ti mangsa ka mangsa, dalah tepi ka danget kiwari pisan. Tapi, kakara ayeuna, éksploitasi batu akik ngalaman trend nu luar biasa. Ieu téh bisa jadi gebrakan anu dihaja diciptakeun ti kalangan sindikat bisnis ékonomi kréatif ku cara ngahijikeun atawa madukeun antara gaya hirup fashion, kalayan nyoko tina sumber budaya, sajarah, katut tradisi nu enyan-enya kapiara, anu sawaktu-waktu bisa jadi booming atawa di-booming-keun. Malah sawaktu-sawaktu deui mah bisa tilelep.Cag!