Selasa, 17 Jun 2025
Saridaya

Leuit Salawé Jajar

Photo Illustrasi: Sumber Kompasiana.***

Kolom: DADAN SUNGKAWA

 

Aya nagara badag,

Pajajaran ngaranna

Beurat beunghar, subur mamur gemah ripah loh jinawi

Pakayana bru di juru bro di panto

Ngalayah di tengah imah

Di Dayeuh Pakuan aya leuit salawé jajar

Sajajarna salawé leuit

 

SAKUMAHA ilaharna pantun anu réa nyaritakeun setting karajaan Pajajaran dina mangsa bihari, bisa kagambar kumaha kaayaan nagara dina mangsa harita. Nagara gemah-gemuh, rahayatna gemah ripah. Teu kakurangan sandang pangan.

Ceuk sakaol mah carita pantun téh saenyana mangrupa wanda ‘laporan’ (LPJ mun ayeuna mah) pihak karajaan anu kudu tepi ka rahayatna anu dibungkus dina wangun carita. Tangtu wé anu dilaporkeunana téh réréana mah anu hadéna wungkul. Hal-hal anu ideal. Maksudna sangkan rahayat ngarasa tengtrem dipingpin ku raja anu euweuh codékana. Sangkan rahayat tetep hormat ka parapangagungna. Matakna, dina mangsa harita, profési juru pantun bisa disebut ogé minangka ‘jubir’-na pihak karajaan.

Dina haleuang ki juru pantun tadi digambarkeun kaayaan nagara Pajajaran dina nyanghareupan paceklik. Pihak karajaan geus sayaga ti anggalna ku cara nyadiakeun leuit anu lobana 625 leuit. Eusina mah bisa paré bisa ogé hasil huma linna. Malah, leuit téh dina mangsa karajaan Pajajaran mah kaasup bagian adegan karaton anu teu bisa dipisahkeun. Apan karaton Pajajaran mah ngabogaan konsép lima, anu disebut mandala lima. 

Dina konsép mandala lima tata ruang karaton Pajajaran anu disebut Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati, leuit téh bisa disebutkeun minangka adegan suradipati. Sedengkeun ari Sri Bima, nyaéta balé gedé (tempat gempungan). Punta sarua jeung balé mangu (tempat narima sémah karajaan). Narayana, maksudna balé bubut (tempat bumén-buménna raja, rumah dinas mun ayeuna mah). Ari madur, maksudna adegan goah (tempat menekung, atawa tempat kontémplasi raja, atawa tempat sembahyang mun ayeuna mah).

Matak teu héran, lamun téa mah pareng manggih usum paila, rahayat moal ieuh kasusahan, teu kudu gulayaban ka nagara lain. Eukeur mah nagara nyadiakeun cadangan dina leuit salawé jajar téa, nya kitu deui di kalangan rahayat ogé, teu saeutik anu nyadiakeun leuit di lemburna jang kapentingan saréréa. Boh pihak nagara, boh masarakat umum, mibanda tujuan anu sarua, yén kagunaan leuit éstuning jang bekel saréréa dimana diperelukeun. Leuit ngabogaan fungsi sosial anu kacida pentingna dina mangsa harita, tur jadi pamuntangan saréréa.

Di zaman Pajajaran, kepala dusun biasana mingpin rahayatna pikeun ngahuma babarengan di lahan kosong milik karajaan. Hasilna, sawaréh dibagikeun ka masarakat pikeun nyumponan pangabutuh sapopoé, jeung sawaréh deui mah disimpen di leuit. Engké dimana aya rahayat aya merelukeun, contona pikeun hajatan, bisa waé ngagunakeun nu aya di leuit. Komo mun aya kajadian darurat, saperti rahayat anu kakurangan, nya cadangan nu aya di leuit bisa dipaké. Teu kudu mulangkeun, da lain ngahutangkeun.

Henteu samodél ayeuna, apanan. Dina mangsa usum paceklik, atawa mangsa kakurangan béas. Harga di pasar mumbung ngajaul. Rahayat anu keur meujeuhna kekelepekan henteu kabedag meuli béas, kalah diasongan béas raskin.  Henteu gratis, da kudu dibeuli. Jeung kabeneran, pas datangna téh, aya kalana keur teu boga duit jang meulina. Atuh béas raskin lapur teu kabeuli. Ari ku parapangurusna, sakapeung mah sok aya anu dilégo ka bandar.

Jaman Pajajaran jeung jaman ayeuna, nya pasti jauh mela-melu. Baheula mah wargana masih kénéh bisa kaitung ku ditalar, ayeuna wargana geus pepek. Jaba pola pikirna ogé geus robah. Mun jaman Pajajaran masarakatna masih kénéh basajan, asal cukup sandang pangan jeung sadia papan, geus tangtu ngarasa tengtrem. Apan aya babasaanana:

 

Teu nanaon teu boga huma gé

Asal boga paré

Teu nanaon teu boga pare gé

Asal bisa nyangu

Teu nanaon teu bisa nyangu gé

Asal bisa nyatu

Teu nanaon teu bisa nyatu gé

Asal bisa hirup

 

Gambaran pola pikir anu kacida sederhana tur ngacirikeun jauh tina sipat hawek jeung kekedemes. Bandingkeun jeung jaman ayeuna. Patani luh-lah ku gemuk jeung ongkos garap. Ari heug téh ninggang di usum panén, mun diitung untung rugina, teu saeutik anu ngarasa nu tani ngan kari daki, sabab ongkos tatanén teu sabanding jeung pangabutuh hirup sapopoé. Patani jaman kiwari, alatan réa kabutuh di saluareun sandang, pangan jeung papan, teu hélok mun teu bisa nabung di leuit. Aya kalana, paré keur di sawah kénéh geus ditebaskeun ka bandar. Langsung diduitkeun.

Padahal, ceuk tradisi baheula mah, kacida dipahingna, malah dipamalikeun sagala  ngaluarkeun paré saméméh asup ka leuit téh. Tapi, aya benerna. Ieu téh aya pakuat-pakaitna jeung kadisiplinan pikeun nu tani mah. Da jigana, mun sakabéh masarakat tani ngabogaan sikep disiplin ‘pamali’ ngaluarkeun paré saméméh disimpen di leuit, meureun moal aya kasus ‘penimbunan’ di kalangan pangusaha béas anu sok ngamangpaatkeun situasi dina waktu-waktu usum paceklik. Jeung moal aya wé, istilah paceklik téh. Sabab, sakabéh patani masih kénéh neundeun paré dina leuitna séwang-séwangan.

Di Kabupatén Bandung gé, kungsi budaya leuit téh dihudangkeun deui. Méh di unggal kantor désa, ngahaja dijarieun leuit. Tapi, duka kumaha hasilna mah. Da sigana mah bangun nu puraga tamba kadengda. Ukur formalitas. Atawa asésoris. Boa tungtungna mah dipaké nyayang beurit. Anu leuwih lucu, cenah pangna daék sotéh nyieun leuit, sugan wé aya bantuan jang ngeusianana. Tangtu wé, sikep anu kurang hadé. Leuit anu sakuduna dieusian ku masarakat désa minangka cadangan jang tatalang raga urang lembur dina mangsa darurat, ari heug naha kalah bet miharep dieusian ku pamaréntah Pemkab. Naha masarakat désa henteu bisa ngeusian leuit saésé ku cara réréongan?

Ku sabab program leuit di kantor désa katingalina gagal, meureun perelu ngayakeun leuit anu diolah ku masarakat adat. Matakna, leuwih alusna mah di Kabupatén Bandung ngaréakeun deui ngadegkeun kampung-kampung adat anu enya-enya ngajaga jeung mulasara tradisi budaya leuit. Unggal kampung adat ngabogaan leuit salawé jajar. Meureun unggal usum panén téh, produksi paré moal numpuk di para tangkulak. Tapi numpukna di leuit-leuit kampung adat téa. Lamun di Kabupatén Bandung aya 31 kampung adat sumebar di unggal-ungggal kacamatan, tur unggal-unggal kampung adat ngabogaan leuit salawé jajar, hartina di Kabupatén Bandung bakal aya 19.375 leuit. Lamun saleuitna dieusian ku 2 ton, meureun saban usum téh bakal ngumpul paré cadangan anu lobana 38.750 ton paré keur ngamankeun ‘ketahanan pangan’ di Kabupatén Bandung.***

 

Tags:Dadan SungkawaKolom


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *