LBNews.com. KAB. BANDUNG – Pareng maju poe kadua kagiatan Job Fair Bandung Bedas Expo 2025 dina Jumat (25/4/2025), katingalina antusias warga nu keur bajuang nyiar gawe teh kaitung masih keneh cukup loba. Dalah nurutkeun tingkat kahadiran anu ngahaja ngadon datang sakalian ngalamar teh, jumlahna ngabanding jeung nu datang poe kamari waktu dilaksanakeun acara bubuka Job fair Bandung Bedas taun 2025 ku Bupati Bandung Dadang Supreiatna, anu digelar di Jalan Al Fathu Soreang, Kamis (24/4/2025).
Sakumaha anu diberitakeun samemehna, kagiatan Job Fair Bandung Bedas Expo 2025 dilaksanakeun dina raraga runtruyan Hari Jadi ke-384 Kabupaten Bandung. Job Fair nu dilaksanakeun Pemkab Bandung ku Dinas Ketenagakerjaan Kabupaten Bandung teh maksudna pikeun mere kasempetan ka sakumna masarakat kabupaetn Bandung anu masih keneh bingung nyiar gawe. Sakaligus pikeun nurunkeun jumlah angka nu ngaligeuh di Kabupaten Bandung enggoning ngawujudkeun Kabupaten Bandung leuwih Bedas, maju, terus-tumerus ngahontal mangsa Indonesia kaemasan taun 2045.
Kepala Dinas Ketenagakerjaan Kabupaten Bandung Rukmana sakumaha anu ditepikeun ku Kabid Perencanaan Tenaga Kerja dan Informasi Pasar Kerja Moh. Zumhan AB nyebutkeun, yen dina poe kadua kagiatan Job fair anu dilaksanakeun, lobana nu ngalamar teu jauh beda jeung poe nu mimiti kamari. Malah bisa jadi jumlahna ised, nepi ka ngarebuna.
Antusias para calon tenaga kerja, dina poe kadua dilaksanakeun Job Fair kaitung eueyeub. Dina poe Kemis (24/4/2925) kamari we, geus aya sakitar 900 berkas lamaran nu asap ka masing-masing pausahaan nu hadir dina kagiatan Job Fair, ceuk Zumhan dina keterangan anu ditepikeun ka para awak media, Jumat siang.
Zumhan ngajelaskeun yen dina kagiatan Job Fair nu dilaksanakeun salila tilu poe noron tepi ka poe Saptu (26/4/2025) teh, 30 pausahaan nu hadir ngan nyadiakeun loker pikeun 900 urang.
“Sawatara nu ngalamar gawe jumlahna ngarebu, biasana mah tilu tikeleun jeung kasempetan lapangan pagawean anu disiapkeun,” ceuk Zumham.
Kabid Zumhan nyebutkeun yen Job Fair dilaksanakeun kalayan ngaliwatan preses kompetisi jeung seleksi nurut kana widang jeung kaahlian para calon tanaga kerja.
Pihakna miharep 900 loker anu disiapkeun ku pausahaan bisa kaeusi ku masarakat Kabupaten Bandung sakabehna. Sabab sakabeh biayana dianggarkeun tina APBD Kabupaten Bandung, anu memang kudu diprioritaskeun. Tapi, jelas moal bisa kabeh kaakomodir.
Zumhan miharep ka nu tacan kaakomodir di pausahaan sakumaha anu piharepna, tong nyerah kitu wae. Sabab, masih keneh aya lolongkrang milu deui dina Job Fair anu bakal dilaksanakeun saterusna.
“Ka payuna, minimal di satiap dapil tiasa dilaksanakeun Job Fair. Sareng dina sasih payun, dugi ka ahir taun 2025 nu bakal dongkap, baris teras dilaksanakeun Job Fair,” jelasna.
Zumhan miharep ka sakur nu nyiar gawe pikeun ningkatkeun kamampian jeung komptisi diri. “Intina, ulah pasrah kitu wae. Da geus waktuna ge pinasti manggih parengna, asal terus ihtiar dibarengan ku itikad nu kuat nepi ka tinekanan naon anu dicita-citakeun,” pokna. (K)**
Editor: Dadan Sungkawa