Selasa, 17 Jun 2025
Saridaya

Ratusan Nonoman Gen Z Kabupaten Bandung Antusias Hadir dina Pelatihan Kewirausahaan & Pelatihan Basa Jepang jeung Korea, Naon Wae nu Jadi Harepan Bupati Bandung?

Ratusan Nonoman Gen Z antusian ngalaksanakeun Pelatihan Kewirausahaan, Pelatihan Bahasa Jepang dan Pelatihan Bahasa Korea di Hotel Grand Pasundan Pasirkoja Kota Bandung, Rabu (16/4/2025).***

LBNews.com. KAB. BANDUNG, – Bupati Bandung Dadang Supriatna dibarengan Bunda Bedas Hj. Emma Dety Dadang Supriatna jeung Kepala Dinas Ketenagakerjaan Kabupaten Bandung Rukmana sacara resmi muka acara kagiatan Pelatihan Kewirausahaan, Pelatihan Bahasa Jepang dan Pelatihan Bahasa Korea di Hotel Grand Pasundan Pasirkoja Kota Bandung, Rabu (16/4/2025).

Ieu kagiatan pelatihan teh dilaksanakeun Pamarentah Kabupaten (Pemkab) Bandung ngaliwatan Dinas Ketenagakerjaan.

Pelatihan nu diiluan ratusan urang peserta teh disiapkeun pikeun jadi wirausaha entragan ngora jeung pekerja migran ka Jepang jeung Korea, dina upaya ngawujudkeun Kabupaten Bandung BEDAS (Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis dan Sejahtera), maju, terus-tumerus ngahontal mangsa Indonesia kaemasan taun 2045. Salian ti kitu teh deuih, utamana mah enggoning nyiptakeun 50.000 wirausaha muda jeung lapangan pekerjaan anyar di Kabupaten Bandung.

Dina pidato pamapagna, Bupati Bandung Dadang Supriatna ngungkabkeun yen nu disebut nagara maju wae aya keneh nyesakeun kalayan angka pengangguran terbuka 2 sampai 3 persen, jeung maksimal di angka 4 persen.

“Angka pengangguran moal bisa diangka nol persen, sabab satiap perkembangan usia mangaruhan kana angka pengangguran terbuka. Seperti halna lulusan SLTA, geus asup kana kategori usia produktif, usia angkatan kerja,” ceuk Bupati Bandung.

Kang DS — sebutan akrab Dadang Supriatna – nyontokeun nagara Singapura nu kaasup salasahiji nagara maju di Asia masih keneh aya nu ngaligeuh mah. Aya keneh angka pengangguran.

“Bohong lamun mah aya nu nyebutkeun hiji nagara nol atawa zero angka nu ngaligeuh. Moal bisa kitu,” pkna nandeskeun.

Dina palebah dieu, nagara wajib hadir jeung pamarentah boga kawajiban pikeun ngajeujeuhkeunana.

Kang DS nyebutkeun, dina raraga muka lapangan kerja jeung muka angkatan kerja turta muka lolongkrang usaha pikeun angkatan kerja dibutuhkeun torobosan jeung strategi nu jitu, “Tangtuna Kabupaten Bandung teu eureun ngalengkah ngayakeun inovasi pikeun kemajuan bangsa jeung negara,” tegesna.

Kang DS ngaku yen pihakna terus ngupayakeu pikeun naekkeun kuota peserta pelatihan basa Jepang jeung pelatihan basa Korea dina taun 2025 ieu.

“Samemehna disadiakeun kuota 100-120 urang per taun. Insya Allah taun ieu dinaekkeun kuotana 500 persen, jadi jumlahna 500 urang,” ceuk Kang DS nandeskeun.

Bupati Bandung nyebutkeun yen pekerja migran Indonesia, hususna asal Kabupaten Bandung nu geus cekel gawe di Korea atawa Jepang geus bisa jongjong boga panghasilan tetep, “Panghasilanana Rp 25 juta nepi ka Rp 40 juta sabulanna. Ari biaya sapopoena Rp 10 juta,,” pokna.

Bupati nyebutkeun yen ieu kagiatan pelatihan basa Jepang jeung basa Korea nu dilaksanakeun Dinas Ketenagakerjaan teh ngarupakeun salasahiji program unggulan tina program 100 hari kerja Bupati Bandung di periode kadua, “Insya Allah sakitar 500 urang disiapkeun kanggo damel di luar negeri,” tambahna.

Pihakna miharep samemeh miang gawe ka Korea atawa Jepang pikeun ngamangpaatkeun ieu pelatihan, fokus jeung disiplin, pokna deui.

Kang DS oge umajak ka sakabeh para peserta pelatihan nu geus meunang perhatian ti Dinas Ketenagakerjaan pikeun ngarasa syukur. Inyana miharep para peserta Latihan bisa paham tur ngarti basa Jepang jeung basa Korea pikeun bekel komunikasi jeung persiapan gawe di nagara anu memang beda budaya jeung basana.

Inyana oge miharep ka para peserta Latihan narima sakabeh materi Latihan kalayan daeia tur soson-soson jeung tangtuna bisa aya hasilna kalayan kategori lulus.

Leuwih jauh deui Kang DS ngungkabkeun yen dina kagiatan kampanye Pilkada Bandung 2024 kalarung, inyana kungsi ngalaksanakeun kagiatan Bedas Enterpreneur. Harita, loba nu antusias ti kalangan generasi GenZ jeung mileneal nu ngarupakeun angkatan kerja nu milu kana kagiatanana.

“Insya Allah taun ieu, diprogramkeun kurang leuwih 1000 urang, pikeun ngahasilkeun ‘muda enterpreneur’. Kalayan harepan jumlah lapangan kerja di Kabupaten Bandung bisa ningkat,” pokna.

Bupati miharep ka para ‘muda enterpreneur’. Nu milu kana ieu pelatihana pikeun enya-enya diajar kalayan daria tur suhud.

“Upama boga skill, komo mun seug dibarengan boga kamampuan, ditambah ku rajin, suhud jeung motekar, yakin bisa katingali hasilna,” tandesna.

Inyana oge miharep ka para ‘muda enterpreneur’ teh bisa paham, naha engkena teh rek jualan sambako atawa usaha di widang pertanian. Naha hayang jadi pangusaha di widang supplier jeung nu sejenna, kudu paham nepi ka bubuk leutikna atawa nepi ka nu spesifik.

“Engke output jeung outcome-na bisa ngalahirkeun ‘muda enterpreneur’, sanggeus milu icikibung dina pelatihan nu dilaksanakeun ku Dinas Ketenagakerjaan. Jadi, ulah ngan saukur meunang sertifikat wungkul, tapi kudu aya implementasinya. Naha rek buka usaha di imah atawa di tempat anu geus aya atawana deui kumaha sanggeus mudah-mudahan nyepeng modal usaha,” pokna.

Lamun mah can boga modal usaha, tapi geus siap ngabogaan kamampuan jeung daya saing, pamarentah ge moal deuk cicingeun, geus nyadiakeun modal usaha ngalaiwatan BPR Kertaraharja jeung Bank BJB, nyaeta ngamangpaatkeun program pinjaman modal bergulir tanpa bunga dan jaminan.

“Anu dipiharep ‘muda enterpreneur’, nu danget ayeuna dibere pembekalan jeung pelatihan ulah dimomorekeun,” pokna negeskeun.**

Editor Dadan Sungkawa

Tags:Bupati BandungDadang SupriatnaDinas Ketenagakerjaan Kabupaten BandungRukmana


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *