Kamis, 13 Mar 2025
Saridaya

Soft Launching PIM Soreang, Pasar Lauk nu Teu Boga Laut

Bupati Dadang Supriatna basa ngalaksanakeun Soft Launching Pasar Ikan Modern (PIM) Soreang di Pasar Ikan Modern, Jalan Gading Tutuka Kecamatan Soreang Kabupaten Bandung, Senen (10/3/2025).***

LBNews.com, SOREANG. – Bupati Bandung Dadang Supriatna nyebutkeun rehna PIM (Pasar Ikan Modern) Soreang kaasup salasahiji wangunan barang milik pamarentah daerah jeung kawenanganana aya di leading sektor Dispakan (Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan) Kabupaten Bandung.

“Dinten ayeuna urang tiasa nyakseni langsung Soft Launching Pasar Ikan Modern Soreang,” ceuk Bupati Dadang Supriatna basa ngalaksanakeun Soft Launching Pasar Ikan Modern (PIM) Soreang di Pasar Ikan Modern, Jalan Gading Tutuka Kecamatan Soreang Kabupaten Bandung, Senen (10/3/2025).

Dina prungna Soft Launching PIM Soreang, Bupati Bandung dibarengan Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb, salian ti hadir oge Ketua Forikan Kabupaten Bandung Hj. Emma Dety Dadang Supriatna anu ngaroris langsung kondisi PIM.

Nurutkeun inyana, ieu Pasar Ikan Modern Soreang teh kaasup salasahiji pemasok sekaligus pemasaran. Sanajan kabupaten Bandung teu boga laut, ukur ngandelkeun lauk tawar nu danget kiwari eksisting.

“Nanging kabutuhan masarakat, upami dietang kana program Makan Bergizi Gratis (MBG) sakumaha pituduh Pa Presiden, hartosna dina sadinten meryogikeun kirang langkung 300 ton,” walon bupati ka para wartawan.

Mangka, pokna deui, lamun ieu pasar dikokolakeun sacara maksimal tur optimal, inyana ngarasa yakin kabutuhan masarakat bisa kacumponan.

“Tinggal kumaha kalincahan atanapi kabinekasan marketing. Upami dietang, kabutuhan lauk kanggo nedunan program MGB, meryogikeun 300 ton sadintenna. Teu acan masarakat umum anu mikabutuh,” pokna.

Mangka, ceuk Bupati, teu aya salahna jeung kawilang pas dina danget ayeuna di bulan suci Ramadan 1446 Hijriah, muga-muga bae ieu Pasar Ikan Modern Soreang teh bisa jalan kalawan maksimal.

Kang DS, sebutan akrab Dadang Supriatna miharep aya kagiatan buka puasa Ramadan bareng di Pasar Ikan Modern Soreang. Buka puasa Ramadan bareng bisa dilaksanakeun dina tanggal 29 Ramadan 1446 Hijriah atawa 29 Maret 2025 nu bakal datang, sabada Bupati Bandung mulang tina ngalakonan ibadah umroh ka Tanah Suci Mekkah jeung Madinah Arab Saudi.

Pikeun nepikeun ka publik atawa masyarakat luas ngeunaan Pasar Ikan Modern Soreang , Kang DS nyebutkeun, bisa wae nyebarkeunana teu nutup kamungkinan bisa ngaliwatan medsos (media sosial).

Kalayan harepan masarakat bisa apal ngeunaan pasar lauk di Pasar Ikan Modern nu pernahna di Desa Cingcin Kecamatan Soreang anu kaitung lengkep.

“Ieu perelu ditepikeun ka public, seug komo dina masarkeunana aya door prize dan sajabana. Ibu Kadispakan mugi tiasa ngawal, sok sanaos tos dikokolakeun ku pihak katilu, nanging tetep sacara pemasaran sareng pangawasan, pamarentah henteu bisa lepas tangan,” jelas Kang DS.

Kang DS oge baris terus nalingakeun kalangsungan Pasar Ikan Modern. Inyana miharep pihak perbankan jeung para ASN Kabupaten Bandung nyongcaykeun waktu bisa balanja lauk ka Pasar Ikan Modern Soreang minangka pangrojong kana kahirupanana. 

“Lauk teh penting kanggo kacerdasan murangkalih. Ku ayana ieu Pasar Ikan Modern leres-leres tiasa karaos dina kahadiranana kanggo masarakat Kabupaten Bandung,” ceuk bupati neundeun harepan sangkan Pasar Ikan Modern Soreang beuki eksis tur nanjeur. Masarakat nu ngaleukeunan tuang lauk beuki leuwih sarehat pikeun mangsa ka hareupna enggoning mapag Indonesia Emas 2025.

Soft Launching Pasar Ikan Modern (PIM) Soreang teh dihadiran tamu undangan ti jajaran Forkopimda Kabupaten Bandung, jajaran Organisasi Perangkat Daerah (OPD) Kabupaten Bandung, Forkopimcam Soreang, jeung para pihak lainna.**



Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *