LBNews.com. SOREANG, – Wakil Bupati (Wabup) Bandung Ali Syakieb nyebutkeun stigma patani di kalangan nonoman millenial geus waktuna dirobah. Stigma di kalangan budak ngora teh, yen jadi patani teh lamun geus teu bisa gawe di kantoran.
Eta salah. Jadi petani teh salasahiji panopang pangan nu utama. Ayeuna, lamun mikirna euweuh patani, rek tuang make naon deui, kitu caloteh Ali Syakieb waktu ngalaksanakeun bubuka pelatihan petani Muda Bedas dan launching BPJS Ketenagakerjaan tahun 2025 di Gedung Oryza Sativa Dinas Pertanian Kabupaten Bandung, Soreang, Kemis (13/3/2025).
Dibarengan Asisten Perekonomian dan Pembangunan Kabupaten Bandung Kawaludin dan Kepala Dinas Pertanian Kabupaten Bandung Ningning Hendasah, Ali Syakieb nyebutkeun yen para patani teh lain patani sawah atawa patani pare bae, tapi aya patani kopi, buah-buahan, sayuran jeung patani lianna.
Seug komo di zaman digitalisasi, perlu pisan ngayakeun inovasi. Terus teh Asta Cita pamarentah, aya program makan bergizi gratis pikeun barudak, ceuk Ali Syakieb.
Inyana nyebutkeun di Kabupaten Bandung aya sakitar 361 titik dapur umum jang ngarealisasikeun program makan bergizi gratis (MBG).
Upama tina satitik dapur umum diancokeun ngaladenan 3.500 barudak, hartina tina 361 titik dapur umum teh jumlahna ngahontal angka 1,1 juta barudak nu baris diladenan dina program MBG kasebut, pokna deui.
Ali Syakieb miharep 1,1 juta barudak anu rek dibagi tuangeun dina program makan bergizi gratis di Kabupaten Bandung teh, hususna komoditas endog wae bisa ngabutuhkeun cukup loba dina sapoena-sapoena.
Sabaraha ton beas anu dibutuhkeun,sabab ieu program poean. Matakna, generasi ngora, nonoman-nonoman milenial ayeuna, hayu babalapan. Ulah hayang gawe di kantoran, tapi bisa tatanen. Jadi patani, potensina leuwih lega ka hareupna, Ali Syakieb nuluykeun cacarita.
Inyana oge ngungkabkeun, tong waka mikiran anggaran gede pikeun jadi tatanen. Tapi, kudu positif heula cara pikirna. Putaran ekonomi di daerah teh lolongkrangna cukup badag. Jadi otomatis ka hareupna, saperti usaha di pasar atawa jadi patani-patani milenial, Insya Allah kahirupan ekonomi bakal jalan tur hirup. Kudu dimimitian ti yeuna keneh, pokna deui kalawan gaya anu khas.
Nurutkeun Ali Syakieb, pikeun ningkatkeun generasi ngora mikacinta kana tani, disebutkeun rehna cara tatanen jaman kiwari bisa didukung ku ngagunakeun teknologi nu beuki ningkat tur canggih.
Teu samodel baheula. Cara pikirna, Ulah mikir patani sacara konvensional. Tapi geus loba teknologi atawa mesin-mesin alat pertanian pikeun ngadukung pertanian. Hasilna oge bakal luar biasa. Ulah mikir jadi patani anu panghasilanana leutik. Tapi, jadi patani nu bisa ngadatangkeun kauntungan badag, ceuk Ali Syakieb mawa sumanget.
Wakil Bupati Bandung ngungkabkan , yen tina hasil usaha tani bisa kabeuli motor, bisa jalan-jalan ka luar negeri. Jeung ieu geus loba contona. Teu saeutik anu geus ngabuktikeun, “Itu hasil usaha tani,” pokna deui.
Ulah mikir yen usaha kana tani hasilna pas-pasan. Itu henteu bener. Anu sabenerna mah, jadikeun edukasi ka generasi ngora, para nonoman milenial ngeunaan mangpaat jeung potensi jadi patani, kaasup lolongkrang hade anu perlu dipikawanoh.
Pikeun ngadorong jeung ngajurung generasi barudakj kiwari sangkan minat jadi patani, Ali Syakieb nyebutkeun yen Dinas Pertanian engkena bakal terus ngalakukeun pembinaan ka para entragan ngora.
Lamun teu hayang cape, pan ayeuna loba mesin. Mun baheula nyingkal jeung ngangler make munding, ayeuna bisa ku traktor. Jeung loba keneh jenis mesin lainnaanu bisa dipake jang ngarap lahan sawah. Palebah dieu pentingna nepikeun edukasi ka genbeasi nonoman, yen jadi patani teh bisa nguntungkeun atawa ngahasilkeun sacara ekonomi, pokna.
Leuwih jauh Ali Syakieb mere sorotan husus ngeunaan UMKM. Inyana ngadorong ka sakumana pangrajin UMKM sangkan terus focus ngajalankeun bisnisna.
“Katuangeun ngeunah, harga murahm packingna unik tur narik, itu pasti bakal laku. Intina, para nonoman milenial , anak-anak muda ayeuna nu lahir dina era digitalisasi, leukeun neangan ionformasi.Cara marketing saperti kumaha, packingna kudu kumaha, neangan rahasi bumbu gampang, pokna deui panjang lebar.
“Ieu dipulangkeun deui ka generasi nonoman kiwari. Balik deui ka jinisna. Hayang maju teu? Aya niat henteu. Fasilitas geus aya disadiakeun, tapi males-males. Eta mah perlu disinglar” Ali Syakieb nepikeun pamungkasna ku kalimat pilihan.***
Dadan Sungkawa