Selasa, 17 Jun 2025
Susul Tepus

Loba Keneh Ijazah Anu Katahan di Sakola Swasta, Pihak Kepala Sakolah Nutup Diri. Aya Naon?

Illustrasi Ijasah loba keneh anu katahan di sakola swasta.***

LBNews.Com. CIPARAY, – Bangbaluh masarakat ngeunaan ijazah anu katahan di sakola alatan aya tunggakeun biaya itu-ini, kiwari geus diputus ku kaluarna instruksi Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyadi. Sakola geus teu meunang deui nahan-nahan ijazah.

Tapi, fakta di lapangan, masih keneh loba ijazah anu nginep di sakola, tacan kabikeunan.

Pasualan masih keneh loba ijazah nu ngabrugbrug katahan di sakola, utamana di sakola swasta, lantaran tumali jeung masalah teknis cara ngabagikeunana atawa kawijakan sakola anu beda-beda.

Di SMA KP Ciparay contona, dina ngabagikeun ijazah gratis sakumaha instruksi Gupernur Jawa Barat, pihak sakola malah nyieun aturan sorangan. Ijazah nu dibikeun teh nurut kana tahapanana, gumantung taun kalulusan.

“Ayeuna mah kanggo ngabagikeun ijazah (gratis) teh dumasar kana jenjang taunna. Dina ngawalan ayeuna, dibagikeun kanggo lulusan taun 2024. Engke, teras nurun ka lulusan 2023 sareng saterasna,” ceuk salasaurang staf SMA KP Ciparay. Sawatara Kapala Sakola SMA KP sorangan nolak pikeun mere kajelasan.

Di pihak lain. SMA Tebar Ilmu netelakeun yen pihakna ngabebaskeun tina tunggakeun. Utamana pikeun masarakat kurang mampu, “Kedah ngalampirkeun SKTM (Surat Keterangan Tidak Mampu) ti desa, Ijazah tiasa langsung kacandak,” ceuk Komar, salasaurang staf karyawan SMA Tebar Ilmu ngawakilan Bidang Humas SMA Tebar Ilmu Yadi nu harita keur aya tugas luar. (Gun)***

Editor Dadan Sungkawa

Tags:SMA KP CiparaySMA Tebar Ilmu


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *