LBNews.com, CIWIDEY – Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kabupaten Bandung bareng jeung tim gabungan TNI/Polri ngagelar operasi penyakit masyarakat (pekat) di sababaraha kacamatan di Kabupaten Bandung, Rebu (12/3) malem nepi Kemis (13/3) wanci janari.
Tim gabungan langsung nyisir ka sajumlah penginapan di Kacamatan Rancabali, Ciwidey, Pasirjambu, Soreang jeung Cangkuang tur geus hasil ngamankeun tujuh pasangan mesum anu kabuktian lain pasangan resmi salaki-pamajikan.
Dumasar hasil panalingaan di lapangan, ieu pasangan lain muhrim teh kajaring waktu keur paduduan di kamar hotel jeung penginapan. Malah, waktu kacerek deleg patugas, aya pasangan anu katohyan keur gusat-gesut disaralin deui.
Upaya nyisir tempet-tempat anu diduga diparake tempat teu eunyeuh teh lumangsung nepi ka liwat tengah peuting. Meh deuk wanci janari. Antukna patugas manggihan sababaraha pasangan nu diduga lain muhrim.
Sok sanajan ngakuna pasangan sah, tujuh pasangan nu katohyan di jero kamar Hotel jeung Penginapan teh, henteu bisa nunjukkeun identitas resmi salaku pasangan salaki-pamajikan. Malah aya diantarana anu sama sakali teu mawa kartu identitas.
Sakabeh pasangan nirca teh antukna diamankeun jeung digiring ka Mako Satpol PP Kabupaten Bandung kalayan ngagunakeun kendaraan patugas.
Kasatpol PP Kabupaten Bandung, Muhammad Usman ngaliwatan Plt Kabid Gakda, M Rizki nyebutkeun, dilaksanakeunana operasi pekat teh ngarupakeun kagiatan rutin nu dilakukeun Satpol PP Kabupaten Bandung pikeun ngaleungitkeun penyakit masyarakat, seug komo dina Bulan Suci Ramadan.
Nurutkeun M. Usman, aya tujuh pasangan nu diamankan jeung dilakukeun pamariksaan pendataan. Isukna, sakabeh pasangan lain muhrim teh dipasrahkeun ka Kejaksaan pikeun narima ganjaran proses sidang tipiring di Kejaksaan.
Disebutkeun, ieu kagiatan operasi teh bakal dilakukeun kalawan kontinyu dina raraga ngaminimalisir panyakit masarakat, utamana pikeun nyegah sumebarna peredaran miras jeung prostitusi. M. Usman nambahkeun katerangan, ieu kagiatan operasi pekat teh bakal dilaksanakeun di sakabeh wilayah kacamatan. “Kagiatan operasi baris dilaksanakeun di sakuliah kecamatan,” pokna tandes.
Dijelaskan, yen sajeroning ngalakukan kagiatan Operasi Pekat, pihakna ngabagi jadi dua tim. Nu sa-tim melaksanakan operasi miras, jeung nu sa-tim deui mah ngalaksanakeun Operasi Pekat prostitusi, sakumaha amanat Bupati Bandung sangkan Kabupaten Bandung Zero miras jeung prostitusi.
Sawatara, tina hasil kagiatan nyisir miras, patugas gabungan oge nyita puluhan botol miras jeung jariken tuak nu dijual di warung-warung di sajumlah kecamatan. ***
Dadan Sungkawa/Sumber Rilis Humas Kab. Bandung