Jumat, 14 Mar 2025
Lokatmala

Répatriasi Ratusan Artéfak Kerajaan Singasari jeung Kerajaan Badung, Bali

LBNews.com. JAKARTA, – Pamaréntah Walanda rék mulangkeun deui 288 artefak sajarah anu baheula kungsi dirampid ti wilayah Nusantara dina mangsa kolonial. Tina jumlah artefak anu sakitu téh, diantarana aya nu asalna tina titinggal karajaan Singasari jeung karajaan Badung, Bali.

Ditjén Kebudayaan Kementerian Pendidikan, Kebudayaan, Risét dan Téknologi, Hilman Farid nyebutkeun, répatriasi 288 benda cagar budaya asal Indonésia diperkirakeun baris katarima bulan Oktober 2024.

Disebutkeun, engkéna sakabéh koléksi artéfak anu ditarima téh bakal dikokolakeun ku Indonésia Haritage Agéncy jeung dipamérkeun keur sakumna masarakat di Muséum Nasional Indonésia dina tanggal 15 Oktober 2024.

Barang-barang sajarah anu dipulangkeun téh ngarupakeun upaya répatriasi dina taun 2023 nu geus ngahasilkeun kasapakatan yén pihak Walanda bakal mulangkeun 472 benda cagar budaya asal Nusantara. Dina taun ieu, barang sejarah anu dirépatriasi téh ngawengku arca Ganésha, arca Brahma, arca Nandi jeung arca Bhairawa.

Éta arca téh ngarupakeun bagian tina Candi Singasari di Jawa Timur nu diwangun antara abad ka-13 jeung abad ka-14.

Arkéolog jeung pengamat sejarah kota Malang, Dwi Cahyono nyebutkeun, sakabéh koléksi artefak téh bisa disebutkeun ‘masterpiece’ dina mangsa kajayaan karajaan Singasari. Pasalna, éta benda cagar budaya téh kaasup produk budaya anu kawilang arstistik alatan aya pangaruh kasenian Pala India. “Dina mangsa harita, aya hiji  pangaruh kasenian Indonésia anu asup ka Indonésia.Warna kasenian anu kaitung luhung di India anu disebut Pala jeung jadi pusat peradaban India,” ceuk Dwi Cahyono.

“Warna kasenian Pala kungsi mangaruhan produk budaya nepi ka Dinasti Syailéndra di abad ka salapan. Ti harita kungsi ngaleungit, jeung muncul deui dina mangsa karajaan Singasari dina abad ka 13,” pokna.

Salian arca ti karajaan Singasari, aya ratusan benda sajarah lainnna ti Kerajaan Badung Bali anu dirampas waktu perang puputan Badung taun 1906, mangrupa koin emas, rupa-rupa asésoris hiasan, keris, malah aya deui panto gerbang Puri Tabanan,

Salasaurang pengamat budaya asal Bali, miharep sangkan benda titinggal sajarah kerajaan Singasari jeung Kerajaan Badung Bali dipulangkeun deui ka tempat asalna, teu ngan saukur disimpen di Muséum Nasional, Jakarta.***

Naskah: Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

One thought on “Répatriasi Ratusan Artéfak Kerajaan Singasari jeung Kerajaan Badung, Bali

Leave a Reply to Admin Cancel reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *